Gajih ka-13 nu ditarima ku pagawe PNS jeung TNI/Polri dina bulan Juni kamari, bisa oge ngabolekerkeun kajahatan. Tah ieu nu kaalaman MBG alias Rizky (19) warga Jln. Babakan Sari Kel. Babakan Sari Kec. Kiaracondong Kota Bandung. Rizky nu euweuh gawe ngan saukur pangangguran. Tapi manehna boga tilu pamajikan. Ka pamajikan ka hiji jeung ka dua, Rizky ngaku digawe sabagey penjual Voucher Handphone.
Ka pamajikan nu ka tilu nyaeta Tini (18, lain ngaran sabenerna), Rizky ngaku sabagey anggota Polresta Bandung Tengah. “Akal ieu ti babaturan kuring. Manehna pura-pura jadi anggota Brimob, sedengkeun kuring anggota Reskrim, “ceuk Rizky di Mapolresta Bandung Tengah.
Tini jeung kolotna kungsi curiga yen Rizki lain anggota pulisi. Kacurigaan eta nalika nempo dedegan Rizky nu leutik jeung pecekrek. Tapi sawatara ti eta Rizky bisa ngayakinkeun Tini jeung kolotna. Sakabeh kabohongan Rizky ahirna bisa dielehkeun ku duit. Sawatara ti eta, Tini nagih gajih ka-13 nu kuduna di tarima Rizky dina ahir bulan Juni. Rizky kalahka baluweng, “Jujur we, kuring teu apal naon nu disebut gajih ka tilu welas teh ,” ceuk Rizky.
Cocok tah geus kitu mah bukti-bukti yen Rizky lain anggota pulisi. Keur mastikeunnana, lelenyepan kolat na Tini Silaturahmi jeung kolotna Rizky. Ti dinya kabolekerkeun yen Rizky lain anggota pulisi. Kulawarga Tini ge ngalaporkeun ka Polresta Bandung Tengah kana tuduhan panipuan.
Rizky di cerek di imah Tini reujeung barang bukti mangrupa sasetel pakean dinas harian (PDH) Polri, sasetel pakean dinas lapangan (PDL) Polri, saunit alat komunikasi, 6 siki poto ukuran 2R, jeung 4 siki poto ukuran 2x3. “Rizky dijiret pasal 228 juncto pasal 378 KUH Pidana,” ceuk Kasatreskrim Polresta Bandung Tengah Ajun Komisaris Agusman Gurning.” (Satrya Graha/”PR”)***
ah bohongna kurang canggih etamah.
BalasHapus