21/07/09

Maenbal

Deudeuh teuing...PERSIB..!!!

logopersibNu mikarésep jeung mikacinta kana maenbal, utamana ka urang  jawa barat nu aya dimana wae pasti apal meureun ka PERSIB. Ari nu teu résep mah paling ge ngagerentes dina hate na pokna teh Emang Gue pikirin (ceuk basa gaul), lain pasualan jeung nu mikacinta ka persib.


Teu saeutik  komentar/pairan pro jeung kontra nu ngadukung ka persib, ceuk nu ngadukung pasti mangnyaahkeun lamun kompetisi di LSI taun hareup teu bisa ngiluan moal rame meureun nya..? Ceuk nu kontra pokna teh "Geus we Persib teh bubarkeun ari make dana APBD mah, eta teh kan duit rahayat. Melaan juara ari hadiah ngan ukur 2 miliar. Ari beak samusim 30 miliar. Rek teu rugi kumaha, ménding dipake keur rahayat miskin. Mun erek ulah make pamaen asing jiga jamanna Ajat Sudrajat, percuma make pamaen asing mah tempo di cokot ku PSSI mah keok jeung keok". (salah sahiji pairan dina PR).


Leupas tina masalah pro jeung kontra, urang salaku nu mikarésep tur mikacinta ka persib tangtuna miharep ka pajabat nu wenang dina pasualan ieu kumaha carana supaya persib bisa ilu biung di kompetisi LSI 2009-2010. Ulah tepikeun kuhanteuna... deudeuh teuing lamun enya teh persib kudu bubar....!?.


     

2 komentar: