Kira - Kira

"Coretan atawa tulisan-tulisan dina ieu blog, teu aya lian  hayang  namplokeun kasono kana basa karuhun urang, nyaeta basa Sunda. Kuring sadar, indung jeung bapa pituin sunda. Kitu deui karuhun-karuhun ge  urang sunda, piraku kuring kudu mopohokeun kana basa sunda ?, da kumaha atuh dina kahirupan sapopoe basa nu dipake lolobana bahasa indonesia pikeun komunikasi teh. Lamun aya nu ngajak nyarita make basa sunda aya kalana asa kararagok, komo deui anu ngajak nyaritana make basa nu lemes tur merenah undak usuk basana, sok asa kataji.


Ku ayana sarana ieu, kuring rek ngawanikeun karep tulas-tulis jeung curat-coret make basa sunda dina ieu Blog, keun we bari jeung tag-teg-tog oge tata bahasana atawa undak usuk basana, utamana dina tulisan nu di tamplokkeun kana blog.  hampura we ka balarea, rumasa kuring lain ahlina kana undak usuk basa sunda bilih jeung bisi  aya basa tur carita nu teu merenah, atawa tulisan-tulisan nu teu puguh kahartina sarta tata bahasa nu teu pantés jeung merenah. Keun wee... nya ! da  ari kabisa jeung kamampuh mah sewang-sewangan.


"Upami aya anu langkung paos  sareng ngartos kana undak usuk basa Sunda, mugia sim kuring di wurukan..."

Hatur nuhun,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar