"Manakah yang lebih luas, pulow Bali atow pulow Wéh?", si Ocid nanya ka lanceukna.... Nu luas mah Ceu Nonéng Cid, cul anak-cul salaki jadi tekawe ka Bruney, siah!.
Pulisi Tidur.
Bangsat 1 : "Kade nya euy, ulah rek wawanian operasi di lebah gang eta, bahaya..!!!
Bangsat 2 : "Ku naon kitu ?"
Bangsat 1 : " Loba pulisi tidur deuleu!"
Bangsat 2 : "Asal ulah keur nyaring we, keun ari keur sare mah!"
Entin Kuraesin - Kircon Bandung
Kasurupan
Dukun : "Saha ieu nu nyurup ka incu kula teh?"
Nu kasurupan : "Ngaran kula ku nu nyebut di terminal mah Si Beurit!"
Dukun : "Naon kasalahan incu kula?"
Nu kasurupan : " Bongan ngadupak waktu kula keur nginum."
Dukun : "Geura balik ka dituh!"
Nu kasurupan : "Heug, asal menta Whisky sabotol!"
Dukun : "Eweuh nu kitu mah. Teu meunang ku pulisi."
Nu kasurupan : "Ari euweuh Whisky mah menta calana jin atuh sakodi mah!"
Dukun : "Keur naon calana jin ?"
Nu kasurupan : "Rek di jual ku kula. Engke ladangna rek dibeulikeun inuman!"
Dukun : "Haaa...r ???"
Fitri Wulansari - Bandung
Hujan
Incu : "Kumaha Bah, nggeus aya hujan ka dieu?"
Aki : "Enggeus, ngan leutik"
Incu : "Sukur leutik mah... daripada sagarede nangka, matak lieur lamun ninggang sirah"
Aki : "Kehed sia....!
Dede R.A - Cijerah-Bandung
Bungah Mun Mabok
"Kuring mah bungah mun salaki datang ka imah bari mabok teh, "Ceuk Neng Reni ka Bu Ita."
"Na bungah kumaha jalma datang kaayaan mabok?". Tanya Bu Ita panasaran.
"Eta we Bu, bungahna teh mun datangna dina kaayaan keur mabok salaki teh sok muji kieu ka kuring, pokna teh. Oh...istriku yang paling cantik sadunia" jawab Neng Reni bungah.
Ati Wulandari - Ciranjang Cianjur
Jurusan Angkot
Si Kabayan ayeuna jadi juragan angkot. Hoyong térang kamana wae jurusannana ?.
1. Jurusan Abdul Muis - Kebon Kalapa.
2. Jurusan Ciburial - Cibuncélik.
Amirudin - Jl Kota Baru VI No. 14 RT 07/08 - Bandung
Adam Air
"Ti saprak leungitna pesawat Adam Air, geus sababaraha regu tim anu nareangan bangkena, boh di darat boh di laut. Tapi ceuk rarasaan kuring mah bangke pesawat Adam Air teh moal aya di darat tapi pastina di cai atawa laut lantaran sababna ku ngarana oge Adam Air lain Adam Darat!"
Tidak ada komentar:
Posting Komentar