22/07/09

Saha paduli?

Bét, leuwih reueus Ngagunakeun Basa Deungeun ?


Dina “PR” Saptu 11 Juli 2009, budayawan Ajip Rosidi manghanjakalkeun laku-lampah bangsa urang ayeuna anu kurang ngarasa ngabogaan basana sorangan,  ti mimiti pajabat tingkat luhur nepi ka handap, leuwih reueus ngagunakeun basa séjén, utamana basa inggris. Maranéhanana resep “iinggrisan, sanajan di tempat resmi, cenah. Anjeunna ogé nananyakeun pariwara anu ngagunakeun bahasa deungeun anu henteu dipikaharti ku  masarakat. Padahal pariwara éta boga tujuan méré penerangan sarta pikeun ngabangkitkeun minat pamacana. Komo, ampir kabéh widang geus kaasupan, mimiti ti tempat hunian, rekreasi,bangunan, kabéhanana ngagunakeun basa anu henteu akrab dina ceuli urang. Kabéhanana dijejelkeun.


Éh, ngaran Pasar Baru Bandung ogé kiwari jadi Pasar Baru Trade Centre. Saterusna stadion anu baris diwangun di Gedebage baris dibéré ngaran West Java Stadium. Koran PR 19/7/2009 ngungkabkeun yén RW 16 Margasari Kota Bandung geus robah, ti wewengkon anu kotor jadi bersih. Parobahan eta sanggeus diayakeun program BGC (Bandung Green and Clean). Kitu deui ieu minangka bukti yén urang kurang paduli ka bangsa sorangan. Naha BGC? Padahal, Pak Ateng Wahyudi baheula geus ngayakeun program Bandung Berhiber (Bersih, Hijau, dan Berbunga). Naon atuh untungna  BGC? Meureun waé kapikir di uték maranéhanana yén Berhiber éta kampungan, henteu nyeni, sarta kurang gaul?. Jelasna mah, ayeuna ieu urang geus muja basa deungeun sarta mopohokeun basa sarta budaya urang sorangan.


Tapi keun we urang dipenjara di imah sorangan, asalkeun sémah bagja? Masih aya kitu bangsa Indonésia anu geus diémbarkeun jeung haté buleud ku para nonoman warsih 1928? Pikeun naon jargon “Paké basa Indonésia kalayan alus sarta bener”, lamun basa minangka ciri bangsa geus henteu dipihormat deui? Saha paduli? Éstuning … palias !

1 komentar:

  1. [...] (Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja  Aos oge dina :  http://kurawa06.wordpress.com/2009/10/28/bet-leuwih-reueus-jeung-basa-deungeun/ http://kurawa06.wordpress.com/2009/07/22/saha-paduli/ [...]

    BalasHapus