Posted: 07 Sep 2009 09:52 AM PDT
Dar... Der... Dorr..!!!
Identitas anggota teroris nu tiwas di Temanggung, Jawa Tengah nepi ka kiwari masih poek. Loba pihak ngaragukeun layon kasebut milik buronan nomer wahid asal Malaysia, Noordin M Top. Dumasar panalitian, tilu layon teroris nu tiwas di dua lokasi panggerebegan. Temanggung jeung Bekasi, masih aya di rohangan pamulasaraan layon RS Polri Sukanto, Kramat Jati, Jakarta Timur.
Dumasar kana poto, loba pihak nu ngaragukeun, yen lalaki eta Noordin M Top. Alesannana lalaki eta boga rupa lonjong jeung tulang rahang nu tegas. Padahal, rupa Noordin M top buleud. Lamun kitu saha ..? teuii...ng atuh..!
Balarea apal meuruen waktu dina tipi, disiarkeun langsung acara baku tembak (ceuk babasaan reporter tipi), tepikeun ka 17 jam teuing 18 jam, kuring laljo baku tembak teh kurang leuwih 2 jam, kulantaran tunduh terus we kasarean tepi ka subuh bari jeung tipi mah hurung we ngalalajoan nu keur sare, ari hudang masih keneh baku tembak. ari ceuk rarasaan kuring mah lamun baku tembak mah kuduna ge antara musuh jeung lawan teh loba, da ari lawan na ngan saurang mah meureun lain baku tembak, musuh ditembakan.
Kacida nya, eta nu namina densus 88 mani sumanget katingalina ngabekaskeun pelor, nembakan bumi dugi ka rajet kitu. Duka seep sabaraha rebu tah pelor di jedor-jedorkeun kana sasaran, sareng deui aya robot sagala (ari sugan teh robotna sapertos robocop) nu kawas dina pilem tea. Tapi eta ge sarua kawas na pilem holywood dar-der-dor na mah. Kuring ge reueus ningali ka anggota densus 88, nu tos berhasil manggihan teroris nu salila ieu diteangan. Malahan Presiden ge ngucapkeun hatur nuhun ka Polri hususna densus 88 dina upaya maluruh sakadang teroris.
Bener heuntuna eta Noordin M top nu tiwas, urang tunggu we... hasil identipikasi nu wenang. Lamun enya eta Noordin M top tiwas, mudah-mudahan jaringan teroris di nagari urang ulah aya deui. Tapi lamun nyatana lain Noordin M top, saha atuh nu tiwas di Temanggung Jawa Tengah. Kamana atuh Noordin M top teh,? Kiwari manehna lamun can tiwas jigana keur nyeungseurikeun meureun nya..! Kamanaa... atuh NOOrdin...Noordiii...n, moal kitu si noordin teh dagang bajigur..?
Usum Ngabustam
Posted: 25 Jun 2009 01:28 AM PDT
Ngabustam teh ngawadul. Biasana loba bohongna tibatan benerna. Tujuanana bisa rupa-rupa, ngan utamana mah ngarah piandel, hayang dipercaya. Ku naon pangna kitu? Sabab nu ngabustam hayang nutupan kahengkeran dirina, susuganan ku cara kitu ku batur jadi dianggap hebat, dianggap bisa, dianggap mampuh. Padahal da ari kamampuh atawa kabisa jelema mah da nonggerak. Najan ditutupan oge pasti kaciri ku batur, sabab pangabisa mah katenjona dina karya nyata. Mun aya jelema ngaku-ngaku sakti teu teurak dikadek, tong waka percaya. Mending cobaan we kadek, pan pasti katempo teurak henteuna :-) Komo jelma nu ngaku-ngaku kasep atawa geulis mah, hese ngabohongna, da eta mah langsung aya buktina.
Kamampuh jelema teu bisa diukur tina omonganana wungkul, tapi kudu katempo buktina. Beuki mindeng jelema nabeuh karep, urang kudu beuki curiga kana naon anu diomongkeunana. Sabab biasana jelema nu loba pangaweruhna mah tara rea omong, tara hayoh wae ngagul-ngagul karep. Cindekna tara goong nabeuh maneh. Tah nu loba omong bari euweuh kanyaho, kurang kamampuh, nya ngabustam tea disebutna. Mun rajin nengetan pintonan dina tipi, ayeuna-ayeuna ieu loba pisan goong nabeuh karep. Para calon presiden jeung calon wakil presiden paciweuh paloba-loba omong, nepi ka silih cempadna pisan. Rupa-rupa pamolahna. Aya nu agul ku turunan. Aya nu ngagul-ngagul hasil gawe manehna salila jadi pejabat, sok padahal eta mah memang geus jadi tugasna, da pararuguh buruhna. Pan pejabat teh digajih lain? Aya oge nu ngagogoreng batur, jiga manehna tara salah atawa tara pikasebeleun. Kalakuan nu ditataan tadi kabeh oge tujuanana mah sarua: hayang meunang simpati, hayang dipikaresep. Mun geus dipikaresep, pan pamustunganana mah hayang dipilih.
Ngan jigana bae, maranehna teh poho yen ra'yat teh lain budak olol leho nu gampang dibobodo. Cara-cara nu dipilampah kiwari, upamana ku cara ngabustam tea, geus hese payu. Sarerea ge geus pada ngarti, lamun enya nyaah tur deudeuh ka ra'yat, nu penting mah gawe nu bener, teu kudu loba ngomong teu puguh. Jeung pamingpin mah kudu pinter deuih. Tangtuna oge eta kapinteran teh ulah dipake minteran batur, dipake nyalikong, tapi estu dipake pikeun ngokolakeun nagara sangkan ra'yatna raharja. Pamustunganan, urang kudu ati-ati dina milih pipamingpineun. Ulah kagelo ku jangji, mun kieu rek kieu, komo bari jangjina teu realistis mah. Nu kitu mah ngabustam tea ngaranna. Sanes kitu? Kateuing ah, lieur!
Kintunan ti :http://sundablog-blogspot.com
Tidak ada komentar:
Posting Komentar