23/07/09

Kompetisi LSI 2009-2010

umuhUmuh Muchtar, Dirut PT PBB


Persib siap dina kompetisi LSI 2009/2010


PT. Persib Bandung Bermartabat (PBB) siap bebenah, minangka léngkah mimiti. Rébo (22/7), Pangusaha nu bade ngadanaan Persib Bandung ngalakukeun reshuffle  jajaran direksi. H. Umuh Muchtar resmi ditunjuk jadi direktur utama (dirut) ngaganti Chandra Solehan. Umuh bade ngarengsekeun aspek legal di kantor notaris. Saenggeus resmi, masalah pendanaan Persib keur LSI taun hareup bade direngsekeun ku PT PBB. 


Ceuk Ketua Badan Pengelola Persib nyaeta Wali Kota Dada Rosada di Pendopo Kota Bandung, Jalan Dalem Kaum, Bandung Rebo (22/7). Anjeuna netelakeun yen mandat ieu mangrupa tanggung jawab nu beurat, Umuh ngaku siap nandangannana. Nu bade di pigawe dina tahap awal nyaeta nyusun jajaran direksi jeung manajemen PT PBB nu anyar. “Umuh wenang nyusun sorangan jajaran direksi jeung manajemen, tangtuna saijin Wali Kota. Kamungkinan loba parobahan dibandingkeun jeung saéncana, Umuh rek nyokot jalma-jalma nu professional sarta sajalan démi ngawujudkeun tujuan Persib taun ieu pokna teh.


Sawatara kabeh kalengkepan aspek legal kacumponan, Umuh siap ngalakukeun moro pamaen keur persib. Ku ayana hubungan jeung sajumlah pamaen kalintang hade, Umuh ngaku optimis Persib bakal meunang pamaen bentang nu hargana teu pati nyékék, anjeuna ngusahakeun mudah-mudahan pangaos maranehna teu pati mahal. Lamun tim sejen milu sarta matok target juara, kunaon Persib teu bisa ?, Umuh menta do’a na ka kabeh bobotoh jeung masarakat Jabar supaya usaha persib keur milu kompetisi taun hareup lancar sarta jadi juara.



Gambar (Dirut PT PERSIB Bandung Bermartabat (PBB) H. Umuh Muchtar (kenca), jeung Ketua Badan Pengelola Persib H. Dada Rosada (tengah), sarta Komisaris Utama PBB Iwan D. Hanafi silih cékél leungeun lekasan riungan di Pendopo Kota Bandung, Rebo, 22/7). 

Dana Siap


Beda jeung kanyataan Dada sawatara waktu ka tukang, yen anjeuna nganyatakeun Persib moal bisa ilu biung dina kompetisi cukang lantaran teu boga dana, ayeuna mah dibarengan ku boga rasa optimis nganyatakeun persib siap dina LSI taun hareup. Masalah pendanaan saur anjeuna tos teu masalah.


Modal awal peserta LSI, BLI matok angka minimum Rp. 10 miliar, angka eta teh kudu ditedunan keur salah sahiji syarat wajib. Dumasar kana inpormasi, pihak-pihak nu nalawaran pendanaan keur Persib di antarana Telkomsel, BNI Life Insurance, Yayasan Asaso, Specs, jeung Viking. Keur modal awal geus aya, kaasup keur ngontrak pamaen, pamaen teu kudu dibayar pinuh ti anggangna.


Keur sponsor nu nganyatakeun kasiapannana, kabeh rek ditampung. Mudah-mudahan janji maranehna memang nyata, lain ngan saukur wadul. Simkuring geus nepikeun dina pasualan ieu, “ceuk Umuh”. Salian nunggu kadatangan ti sponsor, ceuk Komisaris Utama PT PBB, Iwan D. Hanafi, dirut nu anyar rek nyiapkeun sajumlah alternatip sumber dana keur nyongsong kompetisi. Sawatara kalengkepan aspek legal rengse. Iwan ngaku, manehna jeung dirut PT PBB rek ngalakukeun roadshow ka sababaraha pangusaha keur ngajak ilu biung dina kapamilikan saham.


Keur gambaran, LSI jeung Copa Indonesia, usum kamari Persib meakeun dana nepikeun ka Rp. 30 miliar. Sawatara ti eta boh Dada atawa Umuh masih teu wani ngabolekerkeun target dana nu rek di siapkeun dina musim kompetisi 2009/2010. Aranjeuna ngan saukur ngayakinkeun, Kasadiaan dana unggal bulanna rek dicumponan….. amin.


Dirangkum tina PR Kémis,ping 23 Juli 2009

2 komentar:

  1. jung maju maung bandung...

    BalasHapus
  2. Hatur nuhun yi, urang silih do'a keun supados maung bandung tiasa janten jawara...

    BalasHapus