17/07/09
Ha..ha..
Tong DibukaInstruktur : "Kahade nya, kusabab ieu latihan teh kacida bahayana. jadi regepkeun heula omongan kuring. Lamun ieu parasut hayang ka kenca, bedol saeutik tali nu beulah kenca. Kitu deui lamun tujuan urang hayang ka katuhu, nya tinggal bedol tali nu aya di katuhu leungeun urang. Ngarti..?"Murid : "Ngartoo..s, Pa. Tapi kumaha upami hoyong geura-geura enggal turun.?"Instruktur : "Gampang, parasutna we tong dibuka."Oki Aditya.Jl. Pangaduan Kuda 133B. Tasikmalaya. Teu Ngarti Dadang : "Keur naon euy hulang huleng hareupeun komputer.?" Uden : "Nyaeta kuring teh rek diajar ngarang, kirimkeuneun ka Mangle. Dadang : "Nyaeta bingung. Keur mah ngarangna oge kara diajar, turug-turug kana komputer oge teu ngarti. Ngahurungkeun oge teu apal mana nu kudu di pencet."Tina Agustina.Jl sukarno hatta 213 Bandung. Parkir Mun keur ngatur parkir, tukang parkir sok gogorowokan bari gugupay "terus terus terus" atawa "pere pere pere" cenah. Sakali mangsa mah aya supir nu jadi "tukang parkir dadakan". Mobil disupiran ku dunungannana, konsultan urang Inggris di PT Perkebunan. Basa mobil disupiran ku dunungannana tea rek mundur, ki supir ngatur ti tukangeun. Rek ngagorowok "libur...libur..libur" oge sarua, sieun dunungannana teu ngartieun basa indonesia. Hadena harita ki supir ujug-ujug kaburu ingeteun ka budakna nu sok rajeun diajar basa inggris, naon ari basa inggris pere. Antukna ki supir ngagorowok bari gugupay "Holiday...hiloday..holiday!." ceunah.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar