Bade ngiring belasungkawa ka dulur-dulur urang nu kamusibahan kamari ieu, nya eta lini nu peuseurna di Tasikmalaya. Tangtos musibah nu tumiba ka urang, masing janten eunteung sareng pangriksa urang sadaya ka Gusti Alloh SWT. Atuh, ka kulawarga nu katibaan musibah, boh anu aya di Tasik, Garut, Cianjur jeung sajabana, mugia bae dipasihan kasabaran sinareng katawekalan. Insya Alloh, sabab dijero cocobi nu dilungsurkeun teh saestuna aya maksad nu langkung hade nu mibanda hikmah, hususna ka aranjeuna nu kamusibahan.
Eta teh hakekatna mah panggeuing Alloh SWT dina sasih puasa taun ayeuna, supados urang langkung caket sareng Gusti. Numawi ktu, Insya Alloh baris aya hikmah nu baris tiasa dipetik di satukangeun eta musibah. Sakali deui, mugia wae sing aya dina kasabaran, katawekalan, sareng hidayah Gusti Nu Mahasuci. Atuh kanggo urang sadaya nu aya di tatar Sunda, hayu urang ngiring ngabantos sakammpuan urang masing-masing, minimalna ku do'a. Mugia bumi alam, hususna bumi alam Indonesia ditebihkeun tina balai.
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Kartu Sehat Keur Si Miskin.
Parantos ari terang mah, pamarentah maparin kawijakan dina widang kasehatan masarakat ku jalan ngaluarkeun KS (Kartu Sehat). Dina Koran-koran dipidangkeun matak bungah rayat leutik. Nanging dugi ka ayeuna rayat leutik di lembur sisi, jalma nu pangmalaratna oge diarantep we, teu aya nu nuyun atanapi maparin pituduh yen ayeuna mah aya Kartu Sehat kanggo Si Miskin, berobat perawatan sareng sajabina teu kedah mayar.
Di lembur sanes oge aya keneh nu teu acan terangeun. Kedahna mah aya sosialisasi atuh, beware ka rayat yen aya KS, ulah caricing bae RT-RW, Kelurahan sareng sajabina the, da Si miskin mah tara maraca Koran sareng lalajo telepisi.
Teras atuh pihak Rumah Sakit kedah enya-enya ngalayananana da ku pamarentah oge panginten moal dienol. Obat-obatan piraku henteu diupayakeun sacekapna. Nyanggem kitu soteh sok rajeun pihak rumah sakit kirang someah ari ngalayanan kartu askes.
Malah aya nu kukulutus, sok hararese urusan jeung Pemda mah pokna the, na leres kitu ?. Ulah kitu atuh Pemda !. Supados pelayanan sae, kedah sapertos Telkom, crungcreng teu hese. Ngalayanan pasen telkom mah mani dagdagdegdeg. Sim kuring pribadi mah teu Askes teu Telkom, sagemblengna suwasta, waktos pun lanceuk titirah di rumah sakit pamarentah tilu sasih langkung, ampir saratus juta, seep kebon bako sareng ingon-ingon !
Kitu saurna teh, ceuk nu ngaraos….
Hj. Salsih – Gunung Batu Cimahi.
Miharep Pamarentah Paduli Ka "Jalma Leutik"
Emut Keneh Panginten, ka pasualan Prita Mulyasari.? Pasualan eta mangrupakeun kaperihatinan panegak hukum, Komo deui ieu pasualan diri pribadi jeung substansina ngan saukur kualitas palayana di rumah sakit. Leupas ti eta saha nu salah, lengkah serang balik ti manajemen RS Omni mani asa egois tur gede hulu.
Singketna mah , pihak manajemen RS Omni tingal ngaepaluasi kana parobahan kualitas palayanan, lain sabalikna ngajadikeun kapentingan husus nu ngarugikeun keur korban. Mudah-mudahan we pamarentah merhatikeun sarta paduli ka jalma leutik kana kaabsahan panegakan hukum nu jujur tur adil. Balukarna ka hareup, kumaha gambaran di mata nagara lian ngeunaan hak asasi manusa.
Ka Ibu Prita, sing sabar tur gede hate, masih keneh aya nu paling adil, nyaeta kaadilan Gusti nu maha kawasa...
Sim kuring ngarojom kana tulisan Bapa Undang Suryadi M. ti Perum BTN Linggajaya No. 1 Rt 01 RW 05 Mekar-Galih Jatinangor-Sumedang. Dina tulisan Surat Pembaca Pikiran Rakyat (jum’at 19 Juni 2009).
Urang Sunda nu hayang jadi menteri
Pilpres lekasan, tinggal saha wae nu dipercaya ku Presiden nu kapilih jadi Menteri. Cenah urang sunda geus ngantongan 10 pikeun calon menteri. Ngan sanggeus maca dina PR, 10 urang Sunda nu layak jadi Menteri teh, aya oge patarosan. Naha kumaha ukurannana ? Naha rektor Unpad Prof. Dr. Ganjar Kurnia teu kaasup tokoh sunda. Padahal anjeuna mah digedekeun ku budaya Sunda.
Balik deui kana urusan menteri, kade sing hati-hati. Sabab teu kaop salah saeutik oge bakal dijagragkeun ka pangberokan. Mangga diemutan sing pilih kader Sunda nu beresih. Sakitu sanes waktu disambung deui..
Diki, Rancasari - Bandung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar