21/10/10

Naskah Otomatis

Stadion Keur PERSIB


Warga Bandung jeung para bobotoh masih keneh inget meureun waktu partai Timnas PSSI vs Timnas Maladewa di Stadion Siliwangi, Salasa (12/10/2010) lain ngan saukur bisa ngelehkeun 3 – 0  tapi babasaan atawa caritaan pelatih Timnas PSSI Alfred Riedl asal Austria nu perlu diinget rengse pertandingan ,  yen manehna ngucapkeun “Kondisi Lapangan sungguh tidak layak untuk sebuah international friendy match. Lapangan seperti ini mungkin cocok untuk ditanami kentang.”

 Ucapan Riedl aya benerna oge, tapi teungteuingeun rasana Stadion Siliwangi kabanggaan urang sararea di saruakeun jeung kebon kumeli, sagoreng-gorengna kaayaan jukut Stadion Siliwangi tangtuna leuwih rata dibandingkeun jeung kebon kumeli. Tapi naha enya  Stadion Siliwangi geus layak keur tim besar kawas Persib nu umurna geus 77 taun ?

Target jadi nu panghadena di Indonesia jeung bisa jadi wakil nagari ieu di pertandingan antarklub internasional, masih layak kitu Stadion Siliwangi ? lamun nu jadi ukuran nyaeta umur, lobana pendukung , jumlah sponsor sarta prestasi, tim sakelas Persib tangtu layak ngabogaan homebase nu jauh ngaleuwihan Stadion Siliwangi. Dibandingkeun jeung tim-tim lain nu sakelas jeung Persib, Stadion Siliwangi masih eleh jauh komo deui keur ukuran Stadion di Pulau Jawa.

Lamun pamaen jeung bobotoh boga parasaan iri/sirik rasana sah-sah wae, nalika ningali ka Pemkab Bandung nu bangga kulantaran ngabogaan Stadion Si Jalak Harupat. Tim sakelas Persijap Jepara wae geus ngabogaan stadion megah, nyaeta Stadion Gelora Bumi Kartini nu ngabogaan fasilitas mewah jeung kapasitas 20.000 panonton.

Dina hal fasilitas stadion Persib jauh katinggaleun ti tim-tim luar Jawa kawas Sriwijaya FC nu ngabogaan Stadion Gelora Sriwijaya Jakabaring sarta fasilitas mewah kapasitas 40.000 panonton, atawa PKT Bontang Stadion Mulawarman anu kualitas jukutna hade pisan.

Bewara ngeunaan  dibangunna Stadion Gedebage saheunteuna mere harepan keur warga Bandung nu tibahula hayang ngabogaan stadion megah pikeun Persib, jadi aya hikmah na oge pelatih Timnas Riedl nyindiran ngeunaan kaayaan stadion siliwangi.

Pangwangunan Stadion Gedebage, nu geus dibahas waktu Jabar dipimpin ku Gubernur Danny Setiawan, masih keneh tepi ka kiwari can rengse. Rasana geus teu sabar hayang geura nempo tim kabanggaan masarakat Jawa Barat bertanding di stadion nu megah. “Kemenangan demi kemenangan tentu akan lebih indah tanpa keluhan dari tim tamu soal kondisi stadion”.

Jeung nu pasti lamun Stadion Gedebage geus jadi, pelatih Timnas Alfred Riedl moal ngeluh soal kondisi lapangan kitu oge moal ngajamin permainan timnas PSSI leuwih alus tibatan sagumplukan patani kumeli. Hayu ah, urang longok stadion Gedebage geus jiga kumaha...???

07/10/10

Angka “101010”, 10 Oktober 2010

Angka  alus tapi bingung keur aparat Kantor Urusan Agama (KUA), dimana kudu ngalayanan lobana pamenta nikah dina poe Minggu (10/10) kusabab angkana 101010, 10 Oktober 2010. Komo deui teu saeutik pasangan panganten nu menta supaya waktu ijab Kabul oge dilaksanakeun 10.10 nyaeta dina jam 10.10 WIB.

Lamun urusan pamenta pihak panganten, nu lieur para penghulu alias lebe di KUA nu tugasna ngawinkeun panganten. Dina waktu nu sarua tangtuna penghulu ngawakilkeun tugasna ka patugas pembantu pencatat nikah (P3N) atawa lebe, teu mungkin saurang panghulu datang ka dua tempat  nu ngawinkeun dina waktu nu sarua cukup lebe nu ngawinkeun jeung nyatet peristiwa pernikahan kasebut.

Kajadian ieu oge lumangsung dina taun-taun saencana kawas taun 2008, 2009, lobana ngawinkeun dina tanggal 10 Oktober 2010 atawa 101010 sakadar tren zaman supaya gampang diingeut sarta moal aya deui  dina taun hareup . Padahal, ajaran islam leuwih nganjurkeun ngalangsungkeun pernikahan dina poe juma’ah. 

Sok saha deui nu bade ijab kobul taun hareup…dina angka 111111, ping 11 bulan sabelas taun 2011, tabuh 11 langkung 11 menit 11 detik,  sakalian lebe na sabelas…….!

27/09/10

Jadwal Siaran Langsung PERSIB LSI 2010-2011

logo_persib

Jadwal pertandingan Persib di Indonesia Super League tahun 2010-2011, nu aya dihandap ieu nyaeta putaran ka 1, kumargi jadwal putaran ka 2 can dirilis sacara resmi ku PT.Liga Indonesia.

Jadwal Persib Putaran 1 ISL 2010-2011 :

Salasa, 28 September 2010, Persela vs PERSIB (Live ANTV 15:30)
Sabtu, 02 Oktober 2010, Deltras vs PERSIB


Sabtu,16 Oktober 2010 PERSIB vs Persiba (Live ANTV 19:00)
Sabtu,23 Oktober 2010 PERSIB vs PSM (Live ANTV 19:00)


Sabtu,30 Oktober 2010 Persija vs PERSIB
Salasa,02 November 2010 PSPS vs PERSIB


Kemis,02 Januari 2011 Sriwijaya FC vs PERSIB (Live ANTV 19:00)

Rebo,05 Januari 2011 PERSIB vs Persibo (Live ANTV 15:30)
Sabtu,08 Januari 2011 PERSIB vs Persijap (Live ANTV 19:00)


Minggu,16 Januari 2011 Bontang FC vs PERSIB
Kemis,20 Januari 2011 Persisam vs PERSIB


Minggu,23 Januari 2011 PERSIB vs Arema (Live ANTV 19:00)
Rebo,26 Januari 2011 PERSIB vs Persema (Live ANTV 15:30)


Minggu,30 Januari 2011 Persiwa vs PERSIB
Rebo,02 Februari 2011 Persipura vs PERSIB


Minggu,06 Februari 2011 PERSIB vs Pelita Jaya (Live ANTV 15:30)
Rebo,09 Februari 2011 PERSIB vs Semen padang (Live ANTV 15:30)


*Jadwal bisa robah sawaktu-waktu
PUTARAN II
HariTanggalPertandingan
Senin07-Mar-11PELITA JAYA vs PERSIB
Kamis10-Mar-11SEMEN PADANG vs PERSIB
Sabtu 19-Mar-11PERSIB vs PERSIWA
Rabu23-Mar-11PERSIB vs PERSIPURA
Minggu27-Mar-11PERSEMA vs PERSIB
Rabu30-Mar-11AREMA vs PERSIB
Sabtu 02-Apr-11PERSIB vs BONTANG FC
Selasa05-Apr-11PERSIB vs PERSISAM
Jumat08-Apr-11PERSIB vs SRIWIJAYA FC
Minggu17-Apr-11PERSIBO vs PERSIB
Sabtu 23-Apr-11PERSIJAP vs PERSIB
Sabtu 07-Mei-11PERSIB vs PERSIJA
Rabu11-Mei-11PERSIB vs PSPS
Rabu01-Jun-11PERSIBA vs PERSIB
Sabtu 04-Jun-11PSM vs PERSIB
Selasa14-Jun-11PERSIB vs PERSELA
Minggu19-Jun-11PERSIB vs DELTRAS

http://id.wikipedia.org/wiki/Persib_Bandung
Undeur Liryk & Lagu Maung Bandung Versi Kang Ibing




Maung Bandung - Kang Ibing

Intro

Sodara2, pasukan penyerang Persib talah berada di daerah lawan,
Tembakan... Masuuuk sodara2...
Bertambah lagi kemenangan2 untuk Persib Bandung.

Hey Persib Bandung... padungdung geura tarung.
Hey jangan kalah, geura tandang diiring pidu’a abah.
Hey ulah rek keueung, sing reugreug teuneung ludeung.
Nu penting mah Persib tea, eleh meunang kudu sacara satria.

[Mihape barudak... Persib ulah nepi ka eleh.
Sing meunang. Hidup Persib !!!]

Eleh meunang olahraga mah biasa.
Nu penting mah urang teh berjuang heula.
Jung padungdung Persib Bandung geura tarung.
Eleh meunang urang Bandung moal pundung.

Reff.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang moga sing meunang.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang mawa harepan.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.

Persib, Maung bandung
Persib, Jalu bandung.
Persib, Urang Bandung.
Persib nanjung mawa ngaran urang Bandung.

24/09/10

JALAN-JALAN

Mun karesel euweuh pigaweeun, ngeunahna naon nya? Pasti jawabanana rupa-rupa. Dahar, lalajo, nongkrong di warung, atawa jalan-jalan. Kari milih, disaluyukeun jeung eusi pesak. Dina terminologi urang kampung samodel kuring mah, jalan-jalan pasti jadi pilihan utama. Naon sababna? Teu kudu ngaluarkeun duit, sabab jalan-jalan versi kuring mah estuning saukur leuleumpangan. Pira ge leumpang, tinggal ngalengkahkeun suku, naon hesena? Matak sehat malah, sabab aya unsur olahragana, jaba teu kudu ngaluarkeun duit.

 

Tapi tetela, kecap jalan-jalan teh bisa jadi mahal jeung piomongeun. Teu percanten? Mangga bandungan anggota DPR anu ngadon jalan-jalan ka luar negri dina usum sakieu samporetna. Puguh we piomongeun, sabab jalan-jalanna oge lain ngan saukur leuleumpangan model kuring. Jalan-jalan nu ieu mah biayana oge milyaran. Eta we cenah mun diitung-itung, tiap anggota nu jalan-jalan teh biayana kurang leuwih 25 juta sapoe!

 

Mahal-mahal teuing? Enya atuh, pan jalan-jalanna oge ka luar negri, lain ka Ciendog :) Na rek naon atuh make jeung los-los ka luar negri sagala? Pan cenah dina raraga comparative study alias studi banding soal kepanduan alias pramuka. Tah, hasil studi banding teh rek dipake nyusun sistem kepanduan di Indonesia. Cenah eta oge. Teuing bener henteuna mah.

 

Masalahna, naha soal pramuka teh kacida pentingna? Pan dina teori eksekusi program, biasana aya nu disebut skala prioritas. Heulakeun pasualan nu penting heula, kakara pasualan sejen nu kadar kapentinganana leuwih handap. Conto gampangna mah kieu: mun urang boga tatangga nu gering parna jeung nu teu boga jang meuli udud, meureun nu pangheulana ditulungan teh nya nu gering parna. Keun nu hayang udud mah tunda heula, sabab tara aya jalma nu maot gara-gara teu udud!

 

Lamun urang nengetan pasualan-pasualan di nagara urang, asana masih loba keneh masalah nu leuwih penting (urgent, ceuk dina tipi tea mah) tibatan pramuka. Lain hartina pramuka teu penting, tapi pan aya skala prioritas tea. Mending heulakeun ngurus soal gas 3 kilo nu tingbeledug, soal pengangguran, soal jelema-jelema nu kalaparan jeung sajabana. Mun balik deui kana conto di luhur, pramuka mah saheulaanan urang anggap bae jelema nu hayang udud. Hartina, saheulaanan mah pan sistem kepanduan geus jalan. Mending uruskeun heula soal jelema nu teu boga gawe, nu kalaparan jst.

 

Ongkoh pan duit nu dipake jalan-jalan.. eh, studi banding teh pan duit ra'yat. Jadi mending ubaran heula rayat nu keur gering parna teh sina nepi ka cageur. Mun geus cageur, kakara meureun bisa pramuka, sabab jelema gering mah bororaah hayang pramuka, da nempo nu ngamonyah-monyah duit jang studi banding pramuka ge kalahka hayang.. nampiling!

 

Hayu ah, urang jalan-jalan "enyaan"...

 

Tata Danamihardja © 2010

 

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

28/08/10

MOLONGO

MOLONGO

Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto - kolot Omon - sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
 
"Tong boloho, Omon!" Om Toto moyok. "Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok."
 
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
 
Om Toto nyorongot. "Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!"
 
Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.
 
"Dodo!" kolot Omon nyorongot. "Tong molotot Om," omong Dodo ngosom. "Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod."
 
"Tong sok moyok kolot, koplok!" Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.
 
Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko. Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.
 
Bongbong borokokok.

Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.
 
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

19/08/10

Ngantunkeun

Inna lillahi wa inna ilaihi rojiu


" Geus Mulang Sang Maestro Seniman Sunda Kang Ibing ka Sang Pencipta "

18/08/10

Bandung 200 taun

Bandung Dua Ratus Taun


Bandung Beuki Heurin ku Tangtung


hdr_pemerintah


Harita Dalem R.A.A Wiranata kusumah II, diparentah ku ‘Mas Galak’ Deandeles sangkan kota Bandung anu harita pernahna di Krapyak Dayeuh Kolot, dipindahkeun ka Beulah kaler ngadeukeutan jalan pos anu keur dijieun ngembat ti Anyer ka Panarukan. Eta gelar Mas Galak teh pamere urang Sumedang. Cenah basa keur nugar jalan lebah Cadas Pangeran telengesna Marshalk Deandeles ka ra’yat teh tembong pisan, teu kaop tembong melencing langsung digantung dina tangkal waru doyong.


Sabda Dalem ngiker-ngiker pitempateun, nya tanggal 25 September 1810, dayeuh Bandung diboyong ti Krapyak ka Kota Bandung ayeuna.


Ari salira urang mana, ti iraha nganjrek di Bandung ?


Pituin atawa mukimin ?


Tah ka dulur-dulur anu nganjrek di Bandung, atawa nu tos ngencar ti Bandung, dina mapag dua ratus taun kota Bandung.  Pasti salira kagungan panghareupan, kawaas, panineungan, kahanjakal, sareng rupi-rupi kereteg ngeunaan Bandung boh alamna, padumukna, pamarentahna sareng rupi-rupi hal anu patali jeung kota Bandung ti baheula dugi ka ayeuna.

10/08/10

Ngabuburit

Ngabuburit, Jaman Baheula jeung Mangsa Kiwari

Sanggeus nungguan sabelas bulan lilana, urang papanggih deui jeung Rhamadan. Di bulan istimewa ieu urang diajak ngasah kaimanan sarta kesabaran kalayan ngosongkeun beuteung alias puasa. Loba hal anu bisa ku urang di pigawé pikeun ngeusianana. Tah, biasana dina jam anu pangaktipna di poé-poé puasa éta pasosoré nyanghareupan magrib,  Lamun ceuk Urang Sunda ngabuburit anu hartina nungguan burit atawa soré nyanghareupan peuting. Lamun nurutkeun kamus umum Basa Sunda susunan Tim LBSS, ngabuburit hartosna "ngalantung ngadagoan burit, biasana pasosore bulan puasa, ari datang deui geus wayah buka". Pikeun ngeusian kagiatan ngabuburit ieu saban jelema boga pilihanana séwang-séwangan. Urang Sunda ngalakonan aktivitas ngabuburit ieu saprak jaman buhun? Tapi, pastina beda ayeuna mah  kagiatanana. Ngabuburit jaman baheula jeung mangsa kiwari  anu dipigawé sabenerna aya kemiripan ti sisi aktivitas dumasar kana perkembangan jaman.


Mapay Jalan vs Jalan-jlan di Mall : Ngabuburit jaman baheula sarua jeung jalan-jalan kamana wé..sakarépna, aya nu ngan mapay-mapay trotoar, ngajugjug alun-alun, nongkrong di Alun-alun bari nunggu waktu buka puasa nu sok ditandaan ku sora meriam, taman-taman kota atawa ngan saukur leumpang sakadaek, dimana manggih balong atawa walungan terus marandi. Kiwari, barudak ayeuna mah leuwih résép jalan-jalan ka mall tibatan jalan-jalan ngajugjug taman (keur mah taman-taman mangsa kiwari mah saeutik tur arang deuih). Nongkrong di Kafe atawa restoran nunggu buka puasa bari ngobrol ngaler ngidul,   istilahna mah buka bareng.


Kaulinan Tradisional vs Game Online : Congklak, gasing(pangal), tali karet, bebedilan tina dahan cau atawa egrang. Baheula kaulinan nu kitu nu dipikarésép ku barudak dina kaulinan sapopoé jeung keur ngabuburit di bulan puasa. Kiwari, tingali warnet-warnet atawa game centre, jaman kiwari jigana leuwih populer tibatan kaulinan tradisional. Baheula keur budak keneh kaulinan nu dipikaresep teh bebedilan. Tapi lamun jaman kiwari mah jigana game on-line leuwih dipikawanoh.


Bédil Lodong vs Pétasan : Lodong ieu kawas mériam, ngan dijieun tina awi dieusian minyak tanah atawa karbit tuluy disundut sorana tarik ngajelegur,  gumantung kana gede leutikna bahan awi nu dipakena. Jaman baheula lodong dipaenkeun keur ngabuburit atawa rengse saur. Kiwari, jigana geus jarang manggihan lodong geus diganti ku pepetasan (sanajan dilarang oge, tetep we aya boh nu ngajual atawa nu meuli).


Di luar imah vs Di jero imah : Ngabuburit biasana mangrupa kagiatan di luar rohangan atawa di luar imah. Bédug magrib ditungguan bari ngalakukeun kagiatan di luar imah.  Kiwari, kagiatan keur ngabuburit aya nu leuwih trend nyaeta on-line di internet. Loba nu bisa dilakukeun di internet, browsing, blogging, chating jeung sajabana.

06/08/10

Sawates Ramadan?

mmjUlah ngan sawates Ramadan. Ramadan geus jadi bulan asih sakabéh umat islam pikeun leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh SWT. Kaayaan Khusyu katémpo tina lobana jamaah anu datang minuhan masjid-masjid, tajug, atawa madrasah. Pikeun rumaja, satumpuk kagiatan Ramadan loba dilaksanakeun pikeun ngamotivasi rumaja leuwih optimal ngalaksanakeun ibadah di bulan Ramadan, Kagiatan ibadah sarta ngaguar sagala rupa niley kaislaman éta baris lumangsung ngan sauukur di bulan Ramadan ? ieu sabenerna anu jadi kasalempang pikeun urang sararéa. Naha ngan sauukur khusyu ibadah teh  di bulan Ramadan ?, naha urang eureun ngagosip (ghibah) ngan di waktu Ramadan ?, naha urang eureun ngalakonan kagiatan hura-hura ngan di bulan Ramadan?  


Salila Ramadan. acara ibadah, kawas pasantrén kilat, kajian mingguan, kultum taraweh atawa kuliah subuh loba dilaksanakeun ngalibatkeun rumaja. Salian ti éta, loba ogé rumaja urang anu dina bulan Ramadan ngendalikeun obrolanna ti godaan gossip terkutuk, he..he…Peuting ogé dipaké pikeun solat khusyu taraweh di imah atawa di masjid berjamaah sarta waktu luang dipaké pikeun tilawah Alquran. Intina, Ramadan nyieun sawaréh rumaja urang kawas nyandu ibadah.  Ayeuna, gaya kahirupan sekuler geus jadi kabiasaan sapopoé.  Meureun urang kakara manggihan nuansa lingkungan anu rada islami ngan di bulan Ramadan waé. Mangkana, boh salila Ramadan boh sarengsena, urang kudu tetep ngajaga  kaislaman urang ambéh tetep sumanget.


Bisa jadi, memang, sanggeus Ramadan réngsé, kagiatan-kagiatan ngeunaan keislaman moal saramé deui. Kusabab eta, hayu minangka rumaja urang teruskan kagiatan islami salila Ramadan éta ogé ditularkeun sarta diteruskeun dina bulan-bulan séjén sajaba Ramadan. Nungtut élmu (boh keislaman boh élmu umum) hukumna wajib, alatan éta kudu terus urang pigawé sapanjang hayat.


Aktivitas nungtut élmu ieu teu meunang kaliwat. Iraha waé, di mana waé, kalayan saha waé urang bisa nambahan wawasan islam. Di jero atawa di luar bulan Ramadan. Jadi, naha urang kudu katempo islami ngan di bulan Ramadan, sanggeus liwat Ramadan, urang balik ka aktivitas sarta rutinitas anu malahan bertolak belakang jeung sumanget Ramadan.?


 

05/08/10

Munggah & Nganteuran

Kabiasaan anu dilakasanakeun masarakat dina mapag  sasih siam, diantarana di golongan jelema  Sunda masih keneh aya  kabiasaan anu dipikawanoh nyaeta munggah jeung nganteuran.  Munggah mangrupa aktivitas masarakat sarta  kabiasaan mangsa katukang.  Tradisi anu has mapag ibadah saum dina ritual kaagamaan. Dina kabiasaan munggah, diantarana  ziarah ka astana/makam kolot atawa jelema anu dipakokolot. Di wewengkon Parahiangan tradisi kasebut disebut Nyekar,  atawa nadran di wewengkon Cirebon.
Tradisi nyekar atawa nadran mangrupa pangwujudan cara pikeun ngahormatan jelema anu geus maot sarta ngalanggengkeun hubungan batiniah antara jelema anu masih hirup kalayan roh atawa jiwa jelema anu geus maot. Jigana, tradisi nyekar ieu henteu waé lumaku di golongan urang Sunda, pikeun urang Jawa tradisi ieu geus lila maranéhanana wanoh, kawas kabiasaan ngadatangan astana/makam jelema suci, karuhun, sarta astana/makam para raja Jawa. Dina tradisi nyekar, astana/makam para wali mangrupa tempat anu penting pikeun ziarah minangka tempat anu dikaramatkeun. Loba jelema ti wewengkon di Jawa sarta luar Jawa contona, nyekar ka astana/makam Sunan Gunung Jati di Cirebon.


Kabiasaan séjén anu dipigawé urang Sunda nyanghareupan ibadah saum nyaéta beberesih, nyaéta beberesih diri anu dipigawé sajaba ngabersihkeun imah, halaman, jeung sajabana. Bebersih diri anu lumaku pikeun kabéh anggota kulawarga, nyaéta mandi, kaasup ngabersihkeun buuk , ceuk urang Sunda mah diangir.


Kabiasaan séjén anu lumrah dipigawé di golongan jelema sunda di Jawa Barat nyaéta tradisi rantangan, nyaéta silih kirim kadaharan kalayan ngagunakeun rantang. Rantang biasana dieusi sangu bodas kalayan sagala rupa rencang sangu. Kabiasaan silih kirim antara tatangga,  baraya anu ancik padeukeut. Di wewengkon Sumedang biasana disebut Silih Mawakeun, atawa bisa ogé disebut nganteuran. Biasana nganteuran dipigawé ku baraya anu ngora ka baraya anu leuwih kolot.


Di wewengkon Ciamis, Garut jeung Tasikmalaya aya kabiasaan "ngabedahkeun balong", kabiasaan anu dipigawé sataun sakali dina mapag  ibadah saum. Di wewengkon Bandung, nganteuran antara tatangga sarta antara dulur sakampung, biasana mangrupa sangu uduk anu dipurulukan kalayan irisan goréng endog dadar sarta goréng bawang. Di wewengkon Sukabumi nganteuran mangrupa sangu bodas kalayan sambel goréng kentang sarta ati sarta ase nyaéta asakan bihun kalayan irisan cabé héjo. Di golongan kulawarga anu mampuh/beunghar nganteuran kalayan dengeun sanguna  anu leuwih mewah, antara lain mangrupa semur hayam atawa goréng hayam atawa pais hayam atawa daging rendang.


Tradisi munggah sarta nganteuran anu umum dipigawé di golongan jelema sunda, mangrupa tradisi ritual kaagamaan dina tradisi anu mibanda sipat islami.  Saprak mimiti asupna pangaruh ageman Islam di wewengkon nusantara dina mangsa katukang, di mana dialog Islam sarta budaya satempat masih terus lumangsung nepi ka ayeuna. Sagala rupa tradisi satempat éta saéstuna mangrupa ciri kesalehan sarta jati diri anu dina palaksanaanana tétéla sanggup ngaberdayakeun manusa pikeun nganjalin silaturahmi sarta negeskeun dirina minangka umat Isalm.

01/08/10

Harti Kamerdekaan


Harti Kamerdekaan


Naha bener urang geus ngahontal kamerdekaan anu sajati?  Tiheula urang ngarebut kamerdekaan ti imperialisme sarta pangjajahan nagara séjén. Di alam ayeuna,  poé kamerdekaan éta baris bener-bener karasa, ku sakumna masarakat indonésia bisa bebas tina sakabéh “Pangjajahan” ku bangsa sorangan. Urang kudu bebas jeung merdeka tina kamiskinan, kriminalitas, korupsi, térorisme sarta leupas tina hal-hal anu ngabalukarkeun bangsa Indonésia jadi ruksak. Harti kamerdekaan ulah ngan sawates upacara proklamasi. Anu pangpentingna, harti kamerdekaan éta aya dina haté sarta nurani urang. Renungkeun naon harti kamerdekaan anu saéstuna. ???



65 Warsih Indonésia Merdeka


Hayu urang tekadkeun. Generasi urang kudu bisa ngeusi bangsa merdeka kujalan bebela ka bangsa  ka nagara. Hayu gedurkeun sumanget Bandung Lautan Api keur ngamuktikeun pangeusi nagri ! Bangsa Merdeka, mun jugala babarengan ! Bangsa Merdeka, mun sangsara silih upahan !



Merdeka....Merdeka....Merdeka...    !

27/07/10

Persib Bandung



LSI (Liga Super Indonesia) periode 2009-2010 rengse digelar,  juarana Arema Indonesia FC . Piala Indonesia nyesakeun 4 kasebelasan nyaeta Arema Indonesia FC, Persik Kediri, Persipura Jaya Pura, Sriwijaya FC. Keur Persib perjuangan kadua gelar kasebut dina LSI urutan ka opat sarta di Piala Indonesia Persib ngan nepi ka dalapan besar eleh agregat 2-3 ti Arema.

Prestasi kadua gelaran kasebut rupana geus maksimal diperjuangkeun utamana ku pamaen, hatur nuhun ka pelatih, manajemen,sarta elemen-elemen anu  geus satekah polah ngusahakeun,  supaya Persib juara teu katinggaleun ka para Bobotoh, Viking sa alam dunya sarta nu mikacinta ka Persib. Urang sararea kudu bisa narimakeun kana prestasi musim ieu. Kagagalan kudu jadi palajaran nu berharga keur sakabeh pangurus sarta manajemen tim, ka hareup...? tangtuna Persib kudu bisa ningkatkeun prestasi.

Keur LSI taun hareup kiwari Konsorsium, Komisaris sarta Manajemen keur ngabahas masa depan Persib Bandung,  salaku bobotoh  tinggal nunggu hasilna mudah-mudahan urang sararea sepakat tina hasil ahir maranehna. Masalah pelatih tangtuna bobotoh boga pamilih kira-kira saha nu pantes sarta cocok keur ngalatih Persib musim hareup. Ceuk isu sarta gosip mah aya 3 urang anu bakal jadi pelatih Persib nyaeta, Rahmad Darmawan, Rene Alberts, Daniel Darko Janakovic.

Geus ah..., sakieu we heula nya...tulisan ngeunaan Persib Bandung keur nyanghareupan musim nu bakal datang,  urang rojong we ku sararea utamana nu mikareueus ka Persib Bandung kabanggaan Jawa Barat sarta bobotoh sa alam dunya. Teu hilap ka Pa H. Umuh hatur nuhun kana perjuangannana salami ieu mudah-mudahan pa Umuh salamina aya dina panangtayungan Gusti Alloh SWT....amin.  

Hasil Rapat di Jakarta, dewan pengurus PT PBB reujeung dewan pemegang saham Persib geus nyieun kaputusan ngeunaan masa depan Persib. Keur jabatan Pelatih Kepala dipercayakeun ka Daniel Darko Janackovic (DDJ).

22/06/10

Persib Brasil

Ceuk saha prestasi sepak bola nagara urang teu maju, teu bisa cumarita di tingkat internasional ?. Kuring nyatet, saeutikna aya sabelas klub sepak bola anggota PSSI nu milu jadi peserta Piala Dunya 2010. Teu percaya ? yeuh, ku kuring disebutan hiji-hiji :

Persib (Persatuan Sepak Bola Brasil).

PSM ( Persatuan Sepak Bola Meksiko)

PSKS (Persatuan Sepak Bola Korea Selatan)

PSP (Persatuan Sepak Bola Portugal)

PSB (Persatuan Sepak Bola Belanda)

Persikota (Persatuan Sepak Bola Kore Utara)

Perseman (Persatuan Sepak Bola Jerman)

Perseden (Persatuan Sepak Bola Denmark)

Persik (Persatuan Sepak Bola Kamerun)

Persiba (Persatuan Sepak Bola Balad Argentina)

Persijap (Persatuan Sepak Bola Japan)

Kuring yakin,  kasabelasan kasebut jadi peserta Piala Dunya 2010 tanpa izin ti PSSI, da lamun bebeja mah kuriak moal diidinan.

Basa Persib (persatuan Sepak Bola Brasil) vs Pantai Gding. Salaku bobotoh sajati,  kuring leuwih kataji sabab di atas kertas Persib tangtuna meunang sagala-galana. Sanajan  Pantai Gading di latih ku pelatih sakaliber Sven Goran Eriksson, sababaraha pengamat loba nu ngaramal yen Pantai Gading di Piala Dunya 2010 ngan saukur tepi ka babak kahiji. Pelatihna geus nyiapkeun babasaan “tamba kawiwirangan,  nyaeta, “Mohon maaf kalau kami harus tersisih karena tiada pantai gading yang tak retak”.

Permainan Persib (muhun, Persatuan Sepak Bola Brasil tea) nu boga gelandang  edun nyaeta Kaka. Pamaen nu kungsi ngalaman tulangna potong (cageur total saeunggeus diubaran ka  putrana Bah Bohon di Gegerkalong). Lihey pisan tah si Kaka teh dina ngabongkar pertahanan lawan jeung mere umpan-umpan matang ka pamaen hareup anu balukarna gampang nyetak gol.

Salian paktor kapinteran Kaka, tim Persib Brasil oge ditentukeun ku ngaran pelatihna, Dunga. Dina bahasa Brasil, dunga hartina sarua jeung do’a.  Saacan arindit ka Afrika Kidul, sakabeh rahayat Brasil ngucapkeun, “Dunga didungakeun, semoga Brasil berhasil!”.

Salaku finalis Piala Afrika 2006 nu pinuh ku pamaen ngora berkualitas saperti Didier Drogba sarta Salomon Kalou nu maen dii Chelsea, sakuduna Pantai Gading percaya kana kakuatan tim na, tapi, kulantaran masarakat Pantai Gading percaya pisan kana kakuatan mistik. Goran Eriksson teu bisa nolak kahayang Padupanding (Paguyuban Dukun Pantai Gading) keur ngajampean tim na. Waktu ditanya, kunaon ngalawan Portugal akhirna seri. Goran Eriksson (ngawakilan para dukun) ngajawab dukun na salah mapatkeun jangjawokan. “Mustina nu diparancahkeun teh jampe mengbal, ari ieu kalah jampe ngajuru!” ceuk Goran Eriksson bari saeutik keuheul.***

Tulisan: TAUFIK FATUROHMAN dina AHLEKE

08/06/10

Vidéo "Luna-ariel" Nyieun Geunjleung di Acara Resepsi

Medarna rékaman vidéo mesum anu ngalibatkeun pasangan mirip béntang film, pariwara, sarta presenter Luna Maya sarta Ariel masih jadi obrolan nu haneut.
Saprak medar dina poé Kemis (3/6/2010) di internet, peredaran terusan rékaman vidéo éta beuki teu kabendung. Teu ngan diunduh liwat jejaring internet, rékaman kasebut oge terus sumebar ti henpun ka henpun.


Di Bandung, waktu ngahadiran hiji acara resepsi ngawinkeun panganten anyar, Minggu (6/6/2010), sajumlah jelema kasampak riweuh ngunduh vidéo kasebut sanggeus hiji jalma ngabogaan vidéo tadi di henpunna.


Hal ieu dimimitian ti guyonan saurang pamandu acara waktu acara prosesi adat pasangan panganten anyar éta. Ka kadua panganten, si pamandu acara sempet ngingetkeun ambéh teu coba-coba ngarékam kagiatan sakral waktu peuting pengantin. "Kade ah, ulah direkam sagala. Bilih siga 'Ariel jeung Luna', kasebar ka mana-mana. ceuk si pamandu dipapag kuseuri pager ayu sarta pager ayu anu kalolobaan para rumaja.


Samentara éta, para sepuh mah katempona tiis sarta hare-hare nanggepan guyonan si pemandu acara.


Teu ngan jadi obrolan haneut, guyonan pamandu acara kasebut oge rupana nyieun rasa kapanasaran sajumlah jelema, anu ahir-ahir ieu keur rame ngunaan vidéo mesum anu jiga pasangan béntang pariwara sabun kasebut.


Saréngsé prosesi adat, kasampak sajumlah jelema riweuh silih transfer liwat henpunna. Alhasil,vidéo éta nyumebar ti hiji leungeun ka leungeun séjén.


Samentara éta, Luna sempet nampik dikait-kaitkeun jeung vidéo esek-esek kasebut. Waktu dipanggihan saréngsé ngeusian acara musik Dahsyat, sawatara waktu kaliwat, manéhna nampik yén awéwé éta téh dirina. Komo manehna ngarasa teu boga tato kukupu di bagian cangkengna, kawas anu dipiboga awéwé di vidéo kasebut.


Sedengkeun Ariel tacan daék nanggepan medarna vidéo éta. Komo, Ariel kalahka nyingcet. Sababaraha-kali manéhna ngabobodo wartawan kanu rek ngusahakeun ménta koméntarna. (ÉH)


Leuwih jembar tingali di Bandung,Kompas.com

22/05/10

Kang Jaja Lawan Bayawak (terasna Ngarah Calawak)

Ngaran-ngaran jalma, aya kalana nandangan naas. Tara salawasna jaya, tara salawasna gagah. Kadang-kadang balatak harta, kadang-kadang ngalaman katalangsara atawa namprak taya tangan pangawasa. Namprak, sanajan ngan sakadar hayang bala-bala atawa kadaharan basajan pantar jajanan pasar.

Saprak ngalaman nyangsaya na tangkal kalapa Mang Karta panyawah Babah Can, Kang Jaja rada samar kahayang. Sawatara mangsa Kang Jaja ngaprak ka pasawahan ngalaan karaca atawa hahayaman, malah kalan-kalan ngala anak bayawak sagala. Bayawak mah ayana na wahangan, najan kadang-kadang hanjat ka darat. Ngan sanajan sabaraha hayangna, Kang Jaja mah narah ngala atawa ngadahar kalapa. Basana waas, matak ngarakacak manah ana ras kana pangalaman basa nyaah ka Anah anak Mang Karta. Dahar bayawak? Wah, can ngalaman asana mah. Bayawak mah kasap sarta matak barangasan. Matak kang Jaja mah tara ngadahar, sabab pan bayawak mah jang bahan tas atawa calana Tarsan.

Dahar kalapa atawa bayawak mah narah, ngan kana bala-bala ngagalaksak. Saban Ahad atawa Salasa Kang Jaja ngahaja ngasakan bala-bala aya kana saparapat ayakanana. Basana jang tamba ngagaranggam, padahal mah Kang Jaja salawasna ngarasa lapar samangsa-mangsa padaharanana can kararaban bala-bala.

Ngan basa Salasa tanggal dalapanlas Sawal mah kang Jaja nandangan naas. Padaharanana karasa panas asa tas ngadahar arak. Kang Jaja ngacaprak nahan rasa panas na padaharan. Rarasaanana asa hayang ngawakwak ka sasaha, manahna barangasan, malah kadang-kadang mah manghap asa hayang ngadahar cakcak atawa ngagadabah kadal sagala. Jaba mastakana karasana asa ngalayang kawas tas ngaganja. Padahal Kang Jaja mah pan tara ngaganja sabab apal agama ngalarang ngaganja.

"Pan haram Pa," jawab Kang Jaja basa Pa Anang tatanggana nanya naha kang Jaja tara ngaganja. Sabab ngarasa taak, Kang Jaja tatamba ka Bah Kamad, jawara galak asal Karawang. Kang Jaja balaka hayang damang panyawatna, sabab karasana matak nahnay saawak-awak. Bah Kamad ngarampa padaharan Kang Jaja aya kana saparapat jamna. Barang cacap saparapat jam, raray Bah Kamad katara rada asak lantaran ngarasa hamham kana panyawat Kang Jaja.

 "Jang Jaja jam sabaraha sarapan?" Bah Kamad nanya. "Jam dalapan Bah. Naha nanya sarapan?" Kang Jaja panasaran. "Sarapan bayawak?" Bah Kamad katara hamham.

 Kang Jaja kalah ngagakgak, "Ha..ha..ha.. Abah mah ngacaprak ah! Sarapan bala-bala Bah, bayawak mah pan jang bahan tas atawa calana Tarsan. " Bah Kamad katara nahan napas. Na matana kawas aya kapanasaran.

 "Nyaan Jang Jaja ngan ngadahar bala-bala?"  

"Nyaan Bah, saparapat ayakan malah," jawab Kang Jaja.

Bah Kamad ngawas-ngawas kana padaharan Kang Jaja.

 "Masalahna," Bah Kamad kawas rada asa-asa. "Na padaharan Jang Jaja aya bayawak, malah anakan aya kana dalapanna..."

Blar! Awak kang Jaja asa katabrak kapal. Padaharanana karasa tambah panas. Bayawak karasa ngacak-ngacak padaharanana. Jaba anak-anak bayawak karasana asa nyasar kana palangkakan. Naha aya bayawak na padaharanana? Ka mana jalan? Da rarasaan mah tara tambarakan ngadahar bayawak sagala. Kang Jaja ngan sakadar nanya na manah, sabab awakna nahnay, sagala karasa, jaba panyawat asmana ngadak-ngadak anpal.

Kang Jaja namprak, taya tangan pangawasa. Kang Jaja pasrah.

Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

20/05/10

Piala Dunya Afrika Kidul 2010



Kiwari Kick of Putaran Final Piala Dunya Afrika Kidul 2010 baris lumangsung 11 Juni 2010 ka hareup, Piala Dunya 2010 ieu  aheng karasana, henteu ngan di nagari tuan rumah tapi ogé di Indonésia. Cacak henteu milu di Piala Dunya 2010 tapi ulah salah, Indonésia ogé henteu éléh riweuhna, PSSI keur tarung ogé pikeun kapilih jadi Tuan rumah Piala Dunya 2022. Edun pan? Lamun jadi tuan rumah hartina teu perlu milu kualifikasi sarta dijamin lolos, eta pisan meureun harepannana,  enya.. supaya Indonésia bisa milu di putaran final. Hehehe.....

Jadwal Pertandingan Piala Dunya 2010, FIFA dina Desember 2009 geus ngayakeun undian Grup Piala Dunya 2010 anu lumangsung di Afrika Kidul. Di handap ieu daptar grup na :

  • Group A : South Africa, Mexico, Uruguay, France

  • Group B : Argentina, Nigeria, Korea Republic, Greece

  • Group C : England, USA, Algeria, Slovenia

  • Group D : Germany, Australia, Serbia, Ghana

  • Group E : Netherlands, Denmark, Japan, Cameroon

  • Group F : Italy, Paraguay, New Zealand, Slovakia

  • Group G : Brazil, Korea DPR, Côte d’Ivoire, Portugal

  • Group H : Spain, Switzerland, Honduras, Chile


Kira-Kira Kasebelasan ti nagari mana nu bakal asup FINAL...???

Kuring mah ngadukung BRAZIL...  hiduu...p PERSIB...!!!

Undeur Jadwal Pertandingan dina berkas Microsoft Exel

Undeur Lagu Piala Dunya 2010

11/05/10

Gengsi Ngomong Sunda

Gengsi Ngomong Sunda


Ku Riang Nurullah Akbar

Jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge. 


Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.


Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang  tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya...basa Sunda!.


Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan...tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.


Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.


Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?


(Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja 

Aos oge dina :
 http://kurawa06.wordpress.com/2009/10/28/bet-leuwih-reueus-jeung-basa-deungeun/
http://kurawa06.wordpress.com/2009/07/22/saha-paduli/

04/05/10

Sisindiran

Hayu urang sisindiran, bae teu rame ge...!

Aya hurang di tiiran
Buah nangka rada ngora
Hayu urang sisindiran
Minangka panglipur lara.
Urang rek ka babatan
Kade ulah make taksi
Mun urang boga jabatan
Kade ulah sok korupsi.
aya peda dina piring
sangu na jero boboko
???
Ke sakedap,hilap hartina.
Tp mun teu lepat mah tungtung na teh teurab da...
kintunan ti: cakram17.wordpress.com
Ti Leles ka kadungora
Terusna ka dayeuh kolot
Ari he'es dinu ngora
palebah dahar dinu kolot.

28/02/10

Ti milis tatangga...kieu caritana:

SATACAN NIKAH...

Pameget : Akhirna...Kuring geus ngantosan ti baheula...

Istri : Akang rela eneng pisah jeung akang?

Pameget : Piraku! Ulah sakali-kali mikir kadinya!!

Istri : Akang bogoh ka eneng?

Pameget : Geus pasti! Salilana pastina kitu...

Istri : Eneng mah sieun Akang selingkuh?

Pameget : Ih da alim! teu mungkin Akang ngalaksanakeun eta mah, pigeuleuheun...

Istri : Cium Eneng atuh kang?

Pameget : Muhun...

Istri : Kang...

5 TAUN SANGGEUS NIKAH....
tinggal baca ti handap ka luhur...

Kintunan ti : agozi21@yahoo.com

22/02/10

Ulah Kungsi Ngarasa Aman


Lamun anjeun ngasupkeun kecap "kejahatan facebook" kana mesin pamaluruh google,  Anjeun baris reuwas sarta rada kerung meureun maca saderet ngaran rumaja putri anu jadi korban facebook, atawa meureun leuwih pas disebut korban akibat négatif tina pamakéan facebook. Rumaja putri eta rata-rata 13 taun nepi ka 19 taun.


Lamun geus asup ka dunia maya urang baris ngalanglang buana ka jagat alam anu kabuka, dunia maya bisa ngamprokeun hiji jalma kalayan loba jelema sejen pikeun kaperluan atawa kapentingan anu beda.    


Patali jeung usaha kaamanan Facebook tina kamungkinan lumangsungna lampah kejahatan, Facebook salah sahiji tina sakitu lobana jajaring sosial anu kiwari keur nge-tren. Euweuh hiji ogé anu aman sarta pamakéanana bisa leupas tina bahaya kejahatan. Sabab dimana hiji jalma lamun geus asup ka dunya maya,  berarti geus asup  ka dunya anu kabuka kalayan sagala resikona. Contona  waktu hiji jalma nunda data indentitas sarta asup ka tempat jajaring, dina waktu harita éta manéhna saolah-olah keur aya di pasar bisa papanggih sarta nyambung jeung nu sejen atawa grup mana wae alatan dina waktu anu sarua, maranehannana ogé geus asup dina jajaring  saluruh dunya, jadi ulah ngarasa aman waktu nunda poto anu henteu pantes di facebook. sabab tong boro poto, SMS sarta MMS waé datana kateundeun di operator, kukituna hartina data urang geus lain milik urang deui.


Usaha pangamanan facebook bisa dipigawé ku ngatur account, setting (ngatur) account bisa milih saha waé anu bisa nempo sarta méré koméntar di dinding, poto, data diri, nomer kontak, sarta surélék.(e-mail). Leuwih taliti hiji jalma ngatur account, maranéhna bisa leuwih tarapti ngendalikeun facebookna.


Dina setting account aya setting privacy (rusiah pribadi) anu bisa ngabatesan kalayan link mana waé hiji jalma bisa nyambung. Naha link babaturan sorangan, grup, babaturan biasa, atawa babaturan  anu beda profési. Loba rupana  babaturan. Babaturan langsung, babaturan anu direkomendasikeun atawa sabalikna anu diusulkeun ti babaturan  ka babaturannana.


Babaturan ieu patali jeung sajarah hiji jalma, ti kasang tukang atikan (latar belakang pendidikan), pakasaban, atawa kulawarga. Kabéh babaturan éta ngan ditawarkeun atawa ménta, kaputusannana tetep kanu ngagunakeun facebook éta sorangan. Naha dék ditarima atawa di tampik. Anu rada bisa disebut aman nga-add atawa meng- approve (nyatujuan) babaturan anu kaasup ka babaturan dina kahirupan nyata. Lamun hayang muka link jeung nu séjén beda profesi pastikeun aya pakaitannana jeung tujuan nu tangtu.


Di facebook henteu ngan saukur méré koméntar atawa ngirim talatah di inbox. tapi ogé bisa nyambung sacara langsung tur  kabuka, sarta personal (pribadi)  ngaliwatan chatting atawa game online. Padahal saéstuna, sagala hal dina dunya informatika éta anonymous (lalandihan), Kalolobaan ampir kabéh facebooker, dirina Kamuplaseu anu goreng patut bisa jadi kasep, anu baong bisa katempo kawas nu bageur jeung sajabana....

03/02/10

Ngacapruk

Film-Film Hollywood Versi Bahasa Sunda :

  1. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian

  2. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog dina Pager

  3. Die Hard - Teu Paeh-Paeh

  4. Die Hard II - Can Paeh Keneh

  5. Die Hard III With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna

  6. Bad Boy - Budak Bedegong

  7. Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon ?

  8. Mission Impossible - Moal Bisa

  9. Titanic - Tilelep

  10. Paycheck - Nganjuk Heula

  11. Original Sin - Tara Ka Masjid

  12. Sleepless In Seattle - Cenghar di Ciateul

  13. Ghost - Jurig Kasep

  14. Are We There Yet ? - Geus nepi acan ?

  15. Home Alone - Tinggaleun

  16. Casablanca - Mengkol ti Sudirman

  17. The Awakening - Hudang Sare

  18. After The Sunset - Saeunggeus Burit

  19. DarkMan - Jalma hideung jaba mehong

  20. Ghost of Girlfriends past - Jurig awewe patilasan jurig kasep

  21. Lightning Thief - Maling kabentar   


Bilih bade aya nu nambihan mangga di antos...!

20/01/10

Cara gawé ATM Skimmer, pakakas pikeun ngabobol ATM

ATM skimmer mangrupa hiji pakakas anu baris ngopi data dina kartu ATM salah saurang korban. Bentukna mirip/sarua jeung liang ATM sacara umum sarta memang ditempatkeun pikeun nutupan liang ATM kasebut. Alatan bentukna anu henteu matak curiga ieu loba korban anu henteu mikir yén ATM anu maranéhanana baris paké geus dipasang ATM skimmer.Lamun korban kagok ngasupkeun kartuna kana   liang ATM anu geus dipasang ATM skimmer, mangka si palaku pabajoan/pembajakan baris kalayan gampang ngabogaan kartu ATM anu sarua kalayan kartu ATM anu dipaké ku korban. Tah sanggeus ngabogaan kartu ATM kasebut pembajak ngan perlu nyaho password anu dipaké ku sang korban kasebut. Carana nyaéta  ngagunakeun kaméra cctv anu dipasang, ku kituna bisa nempo ramo-ramo korban waktu ngetik/ngasupkeun PIN ATM anu maranéhanana paké. 


Sanggeus meunangkeun copy kartu ATM sarta PIN tangtu waé sang palaku pabajoan/pembajak  gampang pisan nguras sarta ngagunakeun duit si korban.


Kuayana kajadian danget ieu nu lumangsung di Bali, diharepkeun urang jadi leuwih waspada ka modus kejahatan kawas ieu.

 


  


  


  


 

 

“Mesin ATM nu geus dipasang ATM skimmer” 

 
   
   
 
  
 


 


 

“Kamera pikeun ngintip PIN anu digunakan korban”

 
   




 


 


 


 


 

05/01/10

Mapag Bandung 200 Taun

Bandung Dua Ratus Taun


Bandung Beuki Heurin ku Tangtung


hdr_pemerintah

Harita Dalem R.A.A Wiranata kusumah II, diparentah ku ‘Mas Galak’ Deandeles sangkan kota Bandung anu harita pernahna di Krapyak Dayeuh Kolot, dipindahkeun ka Beulah kaler ngadeukeutan jalan pos anu keur dijieun ngembat ti Anyer ka Panarukan. Eta gelar Mas Galak teh pamere urang Sumedang. Cenah basa keur nugar jalan lebah Cadas Pangeran telengesna Marshalk Deandeles ka ra’yat teh tembong pisan, teu kaop tembong melencing langsung digantung dina tangkal waru doyong.


Sabda Dalem ngiker-ngiker pitempateun, nya tanggal 25 September 1810, dayeuh Bandung diboyong ti Krapyak ka Kota Bandung ayeuna.


Ari salira urang mana, ti iraha nganjrek di Bandung ?


Pituin atawa mukimin ?


Tah ka dulur-dulur anu nganjrek di Bandung, atawa nu tos ngencar ti Bandung, dina mapag dua ratus taun kota Bandung. Dina Mangle nguaran anu bade nyerat perkara Bandung. Pasti salira kagungan panghareupan, kawaas, panineungan, kahanjakal, sareng rupi-rupi kereteg ngeunaan Bandung boh alamna, padumukna, pamarentahna sareng rupi-rupi hal anu patali jeung kota Bandung ti baheula dugi ka ayeuna.


Mangga kintunkeun seratan salira ka Redaksi boh kana E-mail : majalahmangle@yahoo.co.id boh ngalangkungan pos, atawa pairan dina blog ieu.


Mangga diantos!

01/01/10

Potongan Harga

Diurang mah loba kacaritakeun sok loba kadaharan nu kadaluwarsa tapi masih keneh dijarualan, boh ditoko leutik boh di toko gede. Padahal geus dijentrekeun dina bungkusna yen si kadaharan teh ulah didahar sanggeus tanggal sakitu, bulan sakitu jeung taun sakitu. Bisi matak! Ceuk paribasa bisi paeh!. Heueuh atuda bisi bae karacunan, nyeri beuteung, utah2-an, lieur, murel jeung sebel.   

Tapina teu kitu ari di nagara batur mah, titimangsa kadaluwarsana hiji barang kacida diperhatikeunana, sabab nya eta hukumanana kacida beuratna kasing saha bae nu ngalanggar. Ari di urang mah sok keuna ku rasa lebar, mubazir cenah, mending di dahar tibatan dipiceun lantaran acan lila-lila teuing kaliwatna, karek oge kaliwat sabulan. Tah nu kitu asup kana paribasa ngeunah di ehe teu ngeunah di eon. Nu ngajual untung nu meuli mencret.


Ayeuna urang tingali kumaha urang Jepang ngokolakeun barang2 nu make label kadaluwarsa. Di Jepang : misalkeun ( 1 Yen = 80 Rp ). Roti Tawar nu eusina 6 lapis hargana 168 yen, lamun kadaluwarsana isuk hargana turun jadi 138 yen. Sashimi (daging lauk atah, siap pikeun didahar) rata-rata dipotong hargana 40 – 50% lamun kadaluwarsa isuk atawa pageto.


Tah eta conto-conto hahargaan di Jepang nu di discount atawa dipotong alatan waktu kadaluwarsana  geus santek. Gede leutikna potongan harga loba gumantungna kana kawijaksanaan masing-masing toko swalayan. Pikeun urang Indonesia mah ieu teh hiji kasempetan pikeun meunang barang nu hargana murah, komo pikeun mahasiswa urang mah nu keur tolabul ilmu di ditu, kasempetan ieu tara diliwatkeun.


Sugan bae di urang oge kitu, engke lamun masarakatna geus sadar pentingna kasehatan jeung geus bisa ngabela hakna sabagey masarakat anu merdeka. Boa-boa masarakat nu di kampung mah nu camping gunung jeung pasir nu arang langka nyaba  ka dayeuh can nyarahoeun naon anu disebut kadaluwarsa  teh. Nya meureun maranehna nu sok kajeblos meuli barang nu geus kadaluwarsa. Tapi ketang tong boro-boro urang gunung urang kota oge masih seueur nu sok kabelejog.


Daniarti KP