Bandung Dua Ratus Taun
Bandung Beuki Heurin ku Tangtung

Harita Dalem R.A.A Wiranata kusumah II, diparentah ku ‘Mas Galak’ Deandeles sangkan kota Bandung anu harita pernahna di Krapyak Dayeuh Kolot, dipindahkeun ka Beulah kaler ngadeukeutan jalan pos anu keur dijieun ngembat ti Anyer ka Panarukan. Eta gelar Mas Galak teh pamere urang Sumedang. Cenah basa keur nugar jalan lebah Cadas Pangeran telengesna Marshalk Deandeles ka ra’yat teh tembong pisan, teu kaop tembong melencing langsung digantung dina tangkal waru doyong.
Sabda Dalem ngiker-ngiker pitempateun, nya tanggal 25 September 1810, dayeuh Bandung diboyong ti Krapyak ka Kota Bandung ayeuna.
Ari salira urang mana, ti iraha nganjrek di Bandung ?
Pituin atawa mukimin ?
Tah ka dulur-dulur anu nganjrek di Bandung, atawa nu tos ngencar ti Bandung, dina mapag dua ratus taun kota Bandung. Dina Mangle nguaran anu bade nyerat perkara Bandung. Pasti salira kagungan panghareupan, kawaas, panineungan, kahanjakal, sareng rupi-rupi kereteg ngeunaan Bandung boh alamna, padumukna, pamarentahna sareng rupi-rupi hal anu patali jeung kota Bandung ti baheula dugi ka ayeuna.
Mangga kintunkeun seratan salira ka Redaksi boh kana E-mail : majalahmangle@yahoo.co.id boh ngalangkungan pos, atawa pairan dina blog ieu.
Mangga diantos!
Tidak ada komentar:
Posting Komentar