21/10/10

Stadion Keur PERSIB


Warga Bandung jeung para bobotoh masih keneh inget meureun waktu partai Timnas PSSI vs Timnas Maladewa di Stadion Siliwangi, Salasa (12/10/2010) lain ngan saukur bisa ngelehkeun 3 – 0  tapi babasaan atawa caritaan pelatih Timnas PSSI Alfred Riedl asal Austria nu perlu diinget rengse pertandingan ,  yen manehna ngucapkeun “Kondisi Lapangan sungguh tidak layak untuk sebuah international friendy match. Lapangan seperti ini mungkin cocok untuk ditanami kentang.”

 Ucapan Riedl aya benerna oge, tapi teungteuingeun rasana Stadion Siliwangi kabanggaan urang sararea di saruakeun jeung kebon kumeli, sagoreng-gorengna kaayaan jukut Stadion Siliwangi tangtuna leuwih rata dibandingkeun jeung kebon kumeli. Tapi naha enya  Stadion Siliwangi geus layak keur tim besar kawas Persib nu umurna geus 77 taun ?

Target jadi nu panghadena di Indonesia jeung bisa jadi wakil nagari ieu di pertandingan antarklub internasional, masih layak kitu Stadion Siliwangi ? lamun nu jadi ukuran nyaeta umur, lobana pendukung , jumlah sponsor sarta prestasi, tim sakelas Persib tangtu layak ngabogaan homebase nu jauh ngaleuwihan Stadion Siliwangi. Dibandingkeun jeung tim-tim lain nu sakelas jeung Persib, Stadion Siliwangi masih eleh jauh komo deui keur ukuran Stadion di Pulau Jawa.

Lamun pamaen jeung bobotoh boga parasaan iri/sirik rasana sah-sah wae, nalika ningali ka Pemkab Bandung nu bangga kulantaran ngabogaan Stadion Si Jalak Harupat. Tim sakelas Persijap Jepara wae geus ngabogaan stadion megah, nyaeta Stadion Gelora Bumi Kartini nu ngabogaan fasilitas mewah jeung kapasitas 20.000 panonton.

Dina hal fasilitas stadion Persib jauh katinggaleun ti tim-tim luar Jawa kawas Sriwijaya FC nu ngabogaan Stadion Gelora Sriwijaya Jakabaring sarta fasilitas mewah kapasitas 40.000 panonton, atawa PKT Bontang Stadion Mulawarman anu kualitas jukutna hade pisan.

Bewara ngeunaan  dibangunna Stadion Gedebage saheunteuna mere harepan keur warga Bandung nu tibahula hayang ngabogaan stadion megah pikeun Persib, jadi aya hikmah na oge pelatih Timnas Riedl nyindiran ngeunaan kaayaan stadion siliwangi.

Pangwangunan Stadion Gedebage, nu geus dibahas waktu Jabar dipimpin ku Gubernur Danny Setiawan, masih keneh tepi ka kiwari can rengse. Rasana geus teu sabar hayang geura nempo tim kabanggaan masarakat Jawa Barat bertanding di stadion nu megah. “Kemenangan demi kemenangan tentu akan lebih indah tanpa keluhan dari tim tamu soal kondisi stadion”.

Jeung nu pasti lamun Stadion Gedebage geus jadi, pelatih Timnas Alfred Riedl moal ngeluh soal kondisi lapangan kitu oge moal ngajamin permainan timnas PSSI leuwih alus tibatan sagumplukan patani kumeli. Hayu ah, urang longok stadion Gedebage geus jiga kumaha...???

Tidak ada komentar:

Posting Komentar