Harti Kamerdekaan
Naha bener urang geus ngahontal kamerdekaan anu sajati? Tiheula urang ngarebut kamerdekaan ti imperialisme sarta pangjajahan nagara séjén. Di alam ayeuna, poé kamerdekaan éta baris bener-bener karasa, ku sakumna masarakat indonésia bisa bebas tina sakabéh “Pangjajahan” ku bangsa sorangan. Urang kudu bebas jeung merdeka tina kamiskinan, kriminalitas, korupsi, térorisme sarta leupas tina hal-hal anu ngabalukarkeun bangsa Indonésia jadi ruksak. Harti kamerdekaan ulah ngan sawates upacara proklamasi. Anu pangpentingna, harti kamerdekaan éta aya dina haté sarta nurani urang. Renungkeun naon harti kamerdekaan anu saéstuna. ???
65 Warsih Indonésia Merdeka
Hayu urang tekadkeun. Generasi urang kudu bisa ngeusi bangsa merdeka kujalan bebela ka bangsa ka nagara. Hayu gedurkeun sumanget Bandung Lautan Api keur ngamuktikeun pangeusi nagri ! Bangsa Merdeka, mun jugala babarengan ! Bangsa Merdeka, mun sangsara silih upahan !
Tidak ada komentar:
Posting Komentar