06/08/10

Sawates Ramadan?

mmjUlah ngan sawates Ramadan. Ramadan geus jadi bulan asih sakabéh umat islam pikeun leuwih ngaraketkeun diri ka Alloh SWT. Kaayaan Khusyu katémpo tina lobana jamaah anu datang minuhan masjid-masjid, tajug, atawa madrasah. Pikeun rumaja, satumpuk kagiatan Ramadan loba dilaksanakeun pikeun ngamotivasi rumaja leuwih optimal ngalaksanakeun ibadah di bulan Ramadan, Kagiatan ibadah sarta ngaguar sagala rupa niley kaislaman éta baris lumangsung ngan sauukur di bulan Ramadan ? ieu sabenerna anu jadi kasalempang pikeun urang sararéa. Naha ngan sauukur khusyu ibadah teh  di bulan Ramadan ?, naha urang eureun ngagosip (ghibah) ngan di waktu Ramadan ?, naha urang eureun ngalakonan kagiatan hura-hura ngan di bulan Ramadan?  


Salila Ramadan. acara ibadah, kawas pasantrén kilat, kajian mingguan, kultum taraweh atawa kuliah subuh loba dilaksanakeun ngalibatkeun rumaja. Salian ti éta, loba ogé rumaja urang anu dina bulan Ramadan ngendalikeun obrolanna ti godaan gossip terkutuk, he..he…Peuting ogé dipaké pikeun solat khusyu taraweh di imah atawa di masjid berjamaah sarta waktu luang dipaké pikeun tilawah Alquran. Intina, Ramadan nyieun sawaréh rumaja urang kawas nyandu ibadah.  Ayeuna, gaya kahirupan sekuler geus jadi kabiasaan sapopoé.  Meureun urang kakara manggihan nuansa lingkungan anu rada islami ngan di bulan Ramadan waé. Mangkana, boh salila Ramadan boh sarengsena, urang kudu tetep ngajaga  kaislaman urang ambéh tetep sumanget.


Bisa jadi, memang, sanggeus Ramadan réngsé, kagiatan-kagiatan ngeunaan keislaman moal saramé deui. Kusabab eta, hayu minangka rumaja urang teruskan kagiatan islami salila Ramadan éta ogé ditularkeun sarta diteruskeun dina bulan-bulan séjén sajaba Ramadan. Nungtut élmu (boh keislaman boh élmu umum) hukumna wajib, alatan éta kudu terus urang pigawé sapanjang hayat.


Aktivitas nungtut élmu ieu teu meunang kaliwat. Iraha waé, di mana waé, kalayan saha waé urang bisa nambahan wawasan islam. Di jero atawa di luar bulan Ramadan. Jadi, naha urang kudu katempo islami ngan di bulan Ramadan, sanggeus liwat Ramadan, urang balik ka aktivitas sarta rutinitas anu malahan bertolak belakang jeung sumanget Ramadan.?


 

1 komentar: