Angka alus tapi bingung keur aparat Kantor Urusan Agama (KUA), dimana kudu ngalayanan lobana pamenta nikah dina poe Minggu (10/10) kusabab angkana 101010, 10 Oktober 2010. Komo deui teu saeutik pasangan panganten nu menta supaya waktu ijab Kabul oge dilaksanakeun 10.10 nyaeta dina jam 10.10 WIB.
Lamun urusan pamenta pihak panganten, nu lieur para penghulu alias lebe di KUA nu tugasna ngawinkeun panganten. Dina waktu nu sarua tangtuna penghulu ngawakilkeun tugasna ka patugas pembantu pencatat nikah (P3N) atawa lebe, teu mungkin saurang panghulu datang ka dua tempat nu ngawinkeun dina waktu nu sarua cukup lebe nu ngawinkeun jeung nyatet peristiwa pernikahan kasebut.
Kajadian ieu oge lumangsung dina taun-taun saencana kawas taun 2008, 2009, lobana ngawinkeun dina tanggal 10 Oktober 2010 atawa 101010 sakadar tren zaman supaya gampang diingeut sarta moal aya deui dina taun hareup . Padahal, ajaran islam leuwih nganjurkeun ngalangsungkeun pernikahan dina poe juma’ah.
Sok saha deui nu bade ijab kobul taun hareup…dina angka 111111, ping 11 bulan sabelas taun 2011, tabuh 11 langkung 11 menit 11 detik, sakalian lebe na sabelas…….!
Haaa...ha .... rame ngawinkeun lebe na sabelas....
BalasHapusTong hilap nu di ulemna ge sawelas rebu jalmi....bangkrut-bangkrut tah nu ngawinkeun teh...
BalasHapusmun nu di ulemna saewlas rebu ....resepsina ge sawelas poe meureun nya...?
BalasHapusBeuki bangkrut atuh sawelas poe resepsi.....bisa-bisa rengse kawin ngajual mitohaaaa.........
BalasHapus