Nyandu Internet, bisa kitu…?
Panalungtikan anu dipigawé anyar-anyar ieu nyebutkeun yén hiji jalma anu nyandu surélék (e-mail) sarta telefon ngalaman panurunan IQ, leuwih ti dua kali lipet panurunan alatan nyandu ganja. Panalungtikan anu dipigawé ku Institute of Psychiatry manggihan yén pamakéan téknologi nurunkeun inteligensi pagawé. Tingkat panurunanana ngahontal sapuluh poin atawa dua kali lipet leuwih badag ti panalungtikan ka pecandu ganja. Leuwih ti satengah total responden anu sakabehna 1.100 jelema, ngomong yén maranéhanana sok némbalan surélék sagancangna. Paneliti ngomong yén jumlah pacandu anu teu kabendung baris nurunkeun konsentrasi/katajeman mental pagawé. Nurutkeun manéhna, maranéhanana anu ngarasa kudu gura-giru ngabales surélék atawa SMS anu maranéhanana tarima baris ngalaman gangguan. kawas jelema anu kurang saré ti peuting.
Lamun dianalisis, téknologi memang bisa ngaronjatkeun produktifitas. Tapi saprak kapanggih éfék sampingna, timimiti ayeuna, pamaké téknologi kudu diajar pikeun nangtukeun iraha kudu leupas ti telefon sarta computer. Lamun digunakeun kalayan bener, téhnologi internet tangtu ngahasilkeun hal nu positif. Anjeun bisa kalayan gampang néangan informasi anu hayang dipikanyaho. Kalayan ngan ngetikeun kecap dina mesin pamaluruh (Search Engine), aya loba loka ramat anu dirujuk ngeunaan informasi kasebut. Ayana surélék, bisa ngirim surat pikeun batur kalayan gancang sarta gampang. Chatting room ngamungkinkeun anjeun pikeun berkomunikasi ka loba jelema anu pajauh. Hadirna loka raramat sosial anu keur rame ayeuna ieu, kawas facebook atawa friendster,
Tapi, hal positif ti internet tétéla bisa ngakibatkeun goréng lamun dipaké sacara henteu tanggung jawab. Loba anu katagihan atawa nyandu internet. Maranéhanana betah lila di hareupeun komputer, poho kana kawajiban maranéhanana anu leuwih penting kawas dahar, mandi, komo deui bisa horéam pikeun barudak diajar. Salah sahiji cukang lantaran barudak nu mikaresep internet alatan maranéhanana meunangkeun hiji pangalaman anyar sarta maranéhanana bisa meunangkeun kenyamanan. Atawa, maranéhanana meunang hiji hal ti dunya maya anu henteu beunang di dunya nyata. Di dunya maya, manéhna bisa jadi naon wae anu dipikahayang.
Dina ngagunakeun internet, urang kudu ngabatesan sarta ngatur waktu pikeun ngajalajah dunya maya. Kalayan ku sagala rupa cara, Anjeun bisa ngatur waktu sakitu rupa keur nyingkahan nyandu ka internet. Loba gaul babarengan jeung babaturan aranjeun di luar imah dibandingkeun nyorangan waé di imah. Jieun diri anjeun tumaninah dina ngalakukeun sakabeh kagiatan, salian ti ngaksés internet. Sabot anjeun istirahat atawa ngabogaan waktu lowong , jauhkeun sagala pakarang/alat anu matak bisa ngaksés internet ambéh anjeun teu gampang internetan dina waktu ngarasakeun reureuh. Anggap sawatara hal minangka hiji hal anu leuwih penting batan anjeun internetan. Ku ayana kitu, Anjeun bisa nyingkahan nyandu ka internet.***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar