
"Layon anu aya di RS Polri ayeuna masih diotopsi. Kondisina taranyang, diteundeun di rohangan pendingin," kecap salah sahiji patugas anu horéam disebutkeun identitasna waktu dipanggihan di RS Polri Dr Sukamto, Jalan Kramat Jati, Jakarta Timur, Saptu (8/8/2009). Saméméhna, patugas ngaku geus nempo kaayaan layon ti kajauhan. Tapi, dirina tacan bisa mastikeun naha layon kasebut nyaéta layon Noordin M Top.
"Kaayaan bagian beungeut sarta beuheung bersih. Kuring tadi nempo ti kajauhan. Kuring tacan bisa méré koméntar naon éta Noordin M Top atawa lain," pungkasna. Saméméhna layon anjog di RS Polri kalayan dipetian warna coklat. Nepi ka tabuh 20.40 WIB sajumlah patugas masih katempo ngajaga-jaga di hareup kamar layon.
Layon kasangka téroris anu tiwas dina penggerebegan di Temanggung, Jawa Tengah nepi ka kiwari masih dina prosés identifikasi. Pihak RS Polri Kramat Jati ogé masih ngalakonan otopsi.

http://www.forumkami.com/forum/berita/17561-foto-ibrohim-teroris-temanggung.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar