11/05/10

Gengsi Ngomong Sunda

Gengsi Ngomong Sunda


Ku Riang Nurullah Akbar

Jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge. 


Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.


Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang  tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya...basa Sunda!.


Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan...tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.


Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.


Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?


(Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja 

Aos oge dina :
 http://kurawa06.wordpress.com/2009/10/28/bet-leuwih-reueus-jeung-basa-deungeun/
http://kurawa06.wordpress.com/2009/07/22/saha-paduli/

7 komentar:

  1. Thank's to attention, your blog is very beautiful...

    BalasHapus
  2. Sae kang, nuhun urang sunda loba nu gumede

    BalasHapus
  3. salam kenal. ngiring ngarewong ah....kang. nuju diajar basa sunda deui....yeuh...

    BalasHapus
  4. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun ka ieu blog, sawangsulna salam kenal, insyaalloh sajak bodorna bade di posting mugia sajak bodorna teu haseum alias basi....wassalam..!

    BalasHapus
  5. Nepangkeun ah juragan... enyalah satuju, uing ge da teu bisa ngomong sunda teh, geus poho

    BalasHapus
  6. Lamun geus poho kana basa sunda sing loba ngadahar kulub hui jeung bubuy sampeu...dijamin wareg alias seubeuh...hee.hhe.hek.hek..!

    BalasHapus
  7. Kang punten ngiring nimbrung,pribados oge ngaraos kuciwa pisan ningali budak ngora urang sunda nu siga poho kana kasundaan dirina.salam pangwanoh

    BalasHapus