20/01/10

Cara gawé ATM Skimmer, pakakas pikeun ngabobol ATM

ATM skimmer mangrupa hiji pakakas anu baris ngopi data dina kartu ATM salah saurang korban. Bentukna mirip/sarua jeung liang ATM sacara umum sarta memang ditempatkeun pikeun nutupan liang ATM kasebut. Alatan bentukna anu henteu matak curiga ieu loba korban anu henteu mikir yén ATM anu maranéhanana baris paké geus dipasang ATM skimmer.Lamun korban kagok ngasupkeun kartuna kana   liang ATM anu geus dipasang ATM skimmer, mangka si palaku pabajoan/pembajakan baris kalayan gampang ngabogaan kartu ATM anu sarua kalayan kartu ATM anu dipaké ku korban. Tah sanggeus ngabogaan kartu ATM kasebut pembajak ngan perlu nyaho password anu dipaké ku sang korban kasebut. Carana nyaéta  ngagunakeun kaméra cctv anu dipasang, ku kituna bisa nempo ramo-ramo korban waktu ngetik/ngasupkeun PIN ATM anu maranéhanana paké. 


Sanggeus meunangkeun copy kartu ATM sarta PIN tangtu waé sang palaku pabajoan/pembajak  gampang pisan nguras sarta ngagunakeun duit si korban.


Kuayana kajadian danget ieu nu lumangsung di Bali, diharepkeun urang jadi leuwih waspada ka modus kejahatan kawas ieu.

 


  


  


  


 

 

“Mesin ATM nu geus dipasang ATM skimmer” 

 
   
   
 
  
 


 


 

“Kamera pikeun ngintip PIN anu digunakan korban”

 
   




 


 


 


 


 

05/01/10

Mapag Bandung 200 Taun

Bandung Dua Ratus Taun


Bandung Beuki Heurin ku Tangtung


hdr_pemerintah

Harita Dalem R.A.A Wiranata kusumah II, diparentah ku ‘Mas Galak’ Deandeles sangkan kota Bandung anu harita pernahna di Krapyak Dayeuh Kolot, dipindahkeun ka Beulah kaler ngadeukeutan jalan pos anu keur dijieun ngembat ti Anyer ka Panarukan. Eta gelar Mas Galak teh pamere urang Sumedang. Cenah basa keur nugar jalan lebah Cadas Pangeran telengesna Marshalk Deandeles ka ra’yat teh tembong pisan, teu kaop tembong melencing langsung digantung dina tangkal waru doyong.


Sabda Dalem ngiker-ngiker pitempateun, nya tanggal 25 September 1810, dayeuh Bandung diboyong ti Krapyak ka Kota Bandung ayeuna.


Ari salira urang mana, ti iraha nganjrek di Bandung ?


Pituin atawa mukimin ?


Tah ka dulur-dulur anu nganjrek di Bandung, atawa nu tos ngencar ti Bandung, dina mapag dua ratus taun kota Bandung. Dina Mangle nguaran anu bade nyerat perkara Bandung. Pasti salira kagungan panghareupan, kawaas, panineungan, kahanjakal, sareng rupi-rupi kereteg ngeunaan Bandung boh alamna, padumukna, pamarentahna sareng rupi-rupi hal anu patali jeung kota Bandung ti baheula dugi ka ayeuna.


Mangga kintunkeun seratan salira ka Redaksi boh kana E-mail : majalahmangle@yahoo.co.id boh ngalangkungan pos, atawa pairan dina blog ieu.


Mangga diantos!

01/01/10

Potongan Harga

Diurang mah loba kacaritakeun sok loba kadaharan nu kadaluwarsa tapi masih keneh dijarualan, boh ditoko leutik boh di toko gede. Padahal geus dijentrekeun dina bungkusna yen si kadaharan teh ulah didahar sanggeus tanggal sakitu, bulan sakitu jeung taun sakitu. Bisi matak! Ceuk paribasa bisi paeh!. Heueuh atuda bisi bae karacunan, nyeri beuteung, utah2-an, lieur, murel jeung sebel.   

Tapina teu kitu ari di nagara batur mah, titimangsa kadaluwarsana hiji barang kacida diperhatikeunana, sabab nya eta hukumanana kacida beuratna kasing saha bae nu ngalanggar. Ari di urang mah sok keuna ku rasa lebar, mubazir cenah, mending di dahar tibatan dipiceun lantaran acan lila-lila teuing kaliwatna, karek oge kaliwat sabulan. Tah nu kitu asup kana paribasa ngeunah di ehe teu ngeunah di eon. Nu ngajual untung nu meuli mencret.


Ayeuna urang tingali kumaha urang Jepang ngokolakeun barang2 nu make label kadaluwarsa. Di Jepang : misalkeun ( 1 Yen = 80 Rp ). Roti Tawar nu eusina 6 lapis hargana 168 yen, lamun kadaluwarsana isuk hargana turun jadi 138 yen. Sashimi (daging lauk atah, siap pikeun didahar) rata-rata dipotong hargana 40 – 50% lamun kadaluwarsa isuk atawa pageto.


Tah eta conto-conto hahargaan di Jepang nu di discount atawa dipotong alatan waktu kadaluwarsana  geus santek. Gede leutikna potongan harga loba gumantungna kana kawijaksanaan masing-masing toko swalayan. Pikeun urang Indonesia mah ieu teh hiji kasempetan pikeun meunang barang nu hargana murah, komo pikeun mahasiswa urang mah nu keur tolabul ilmu di ditu, kasempetan ieu tara diliwatkeun.


Sugan bae di urang oge kitu, engke lamun masarakatna geus sadar pentingna kasehatan jeung geus bisa ngabela hakna sabagey masarakat anu merdeka. Boa-boa masarakat nu di kampung mah nu camping gunung jeung pasir nu arang langka nyaba  ka dayeuh can nyarahoeun naon anu disebut kadaluwarsa  teh. Nya meureun maranehna nu sok kajeblos meuli barang nu geus kadaluwarsa. Tapi ketang tong boro-boro urang gunung urang kota oge masih seueur nu sok kabelejog.


Daniarti KP