Rasmuz, saurang penyiar di Radio Ardan Bandung, nyebutkeun yen ayeuna nyaéta generasi alay atawa singketan ti anak lebay. “lebay éta kaleuleuwihan,” cenahna. Henteu kawas basa prokem, basa alay henteu mikawanoh rumus. Saban kecap anu dimaksud, hurup-hurup susunanana digantian jeung hurup atawa angka, anu lamun dibaca nyarupaan kecap anu dimaksud. Contona kamu/manéh jadi “kmuwh”, iya jadi eeah. Bisa ogé dokombinasikeun jeung angka sarta tanda baca, contona sl3s4! (selesai/réngsé), d4h (sudah/geus) sarta sajabana. Hébatna, lain ngan basa Indonésia anu kakeunaan pangaruh alay. Basa Inggris sarta Sunda ogé bisa di-alay-keun.
“Basa ieu mecenghul saprak ayana internet sarta lobana jajaring sosial kawas friendster jeung facebook nu jadi ngabalukarkeun. Maranéhanana ngaksplore (naon nya basa sunda na mengeksplore ?) tulisan, diutak-atik/diropea jadi we kawas éta. Sumawona, ayeuna bisa up date/nyegerkeun status di facebook tina handphone. Murid SMP sarta SMA anu panglobana ngagunakeun basa alay. Anu kuliahan ogé aya, biasana semester-semester mimiti anu masih aya keneh pangaruh alay waktu masih di SMA.
Basa gaul/pergaulan umumna, dipaké pikeun golongan nu tangtu. Sumawona, basa memang asalna ti kasapukan/kasepakatan sajumplukan jelema anu makéna. Pangajar Basa Indonésia ti Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Andika Dutha Bachari ngomong, kabéh panutur basa miboga naluri anu sarua. Naluri pikeun mintonkeun sarta miboga rusiah. Mangka pohara wajar lamun golongan preman nyiptakeun prokem ambéh henteu dikenal pulisi, atawa rumaja ngagunakeun basa alay ambéh kagiatanana henteu kanyahoan batur.
Basa boga sipat dinamis sarta panuturna boga sipat kreatip. Ku kituna, basa ngalaman parobahan sarta ngembang. Kawas halna basa gaul/pergaulan anu saban dékadeu miboga ciri anu béda. Sumawona dina ngembangna téknologi anu dipaké minangka saluran babasaan. Basa alay buktina. Basa ieu leuwih atra dina basa tulis, alatan mucunghulna dimimitian ku pamakéan komputer, internet, sarta telepon seluler kalayan SMS (short massage service). “Maranéhanana baris néangan wangun anyar, anu luyu kalayan saluranna,” kecap Andika.
Unikna, basa gaul/pergaluan anu sabenerna diciptakeun pikeun golongan nu tangtu, malahan ngembang jadi basa gaul/pergaulan anu dipaké basa sapopoé. “Hal éta, alatan lumangsung bocorna wanda basa. Bocor ti jumplukan sosial nu tangtu ka jumplukan sosial séjénna,” ceuk Andika.
Bocoran sarupaning éta ngabalukarkeun pamakéan basa gaul jadi nyumebar, ogé ngabalukarkeun pameunteunan miring/doyong. Contona pamaké basa alay, diibaratkeun minangka anak ogo kalayan intelejensi anu handap. Atawa pamaké basa prokem anu dicap kampungan. Hal éta bisa waé lumangsung, alatan pameunteunan éta datang ti jumplukan sosial séjén, lain ti jumplukan basa éta asalna sarta dipaké.
“Ieu lain soal bener atawa salah. Ieu penomena wajar jadi ulah dianggap minangka dosa babasaan ieu. Henteu bisa dianggap aib. Ieu konsekwensi logis jelema. Anu hirup pahareup-hareup jeung sagala rupa kanyataan/realita,” cenah. Pamadegan sarupa ogé disebutkeun ku Mahmud Fasya, pangajar Basa Indonésia di Jurusan UPI. “Anu pangpentingna maranéhanana sanggup nempatkeunana luyu jeung kaayaan. Atikan/pendidikan Basa Indonésia éta sakuduna diarahkeun kaditu, melakkeun pangabisa ngagunakeun basa anu pas luyu kalayan kaayaanana,” cenah.
Kasalempang ngarusak tatanan Basa Indonésia ogé henteu perlu. Sabab, nurutkeun manéhna, potensina leutik. Sabab, basa-basa gaul/pergaulan éta ngan minangka sarana nga”ekspresikeun”. Henteu pikeun komunikasi formal. Béda jeung kaayaan di sawatara nagara Éropa, Singapura atawa Australia, anu ayeuna keur disurungkeun pikeun nga”formalkeun” basa gaul/pergaulan di sakola, ku kituna bisa dipaké pikeun ngajawab soal-soal ujian.
ku : (Catur Ratna Wulandari/”PR”)***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar