16/11/09

Satpam ogé bisa newak “pulisi”

PULISI néwak penjahat, éta geus biasa Lamun satpam newak “pulisi”, kakara diluar biasana. Éta pisan anu lumangsung Juma’ah (13/11) beurang di Bioskop Blitz Megaplex, Mal Paris Van Java (Pvj) Bandung. Angggota “pulisi” anu diringkus éta anu inisialna DM (31) lalias “Aiptu Riki”, warga Komplek Soreang Éndah, Kab. Bandung. Waktu ditéwak, Riki keur lalajo film babarengan jeung wanoja.


Katewakna DM Alias Riki mangrupa kolaborasi antara kapinteran Yahya (22) salaku korban, katalitian satpam di Mal Pvj, sarta téknologi CCTV anu dipasang di Mal Pvj. Kabéhanana dimimitian waktu Yahya ngalapor ka Polwiltabes Bandung dina 2 Nopémber. Waktu éta, manéhna jadi korban panipuan Riki di Kafe Blitz, Mal PvJ.


 Dina penipuan éta, Yahya kaleungitan jutaan rupiah.  Saméméhna Yahya kungsi papanggih Riki di jero beus waktu lalampahan ti Malang nuju Bandung. Basa éta, Riki nawarkeun Yahya hiji paket anu eusina opat unit Blackberry Bold saharga Rp. 12 juta. Riki anu ngaku pulisi ngayakinkeunn Yahya lamun barang éta “aman” alatan sitaan pulisi sarta dina lalampahan ka Bandung.


KORBAN ogé satuju. Transaksi dipigawé sawatara poé saterusna di Kafe Blitz, Mal PvJ. Tapi sanggeus dibayar, Riki teu méré Blackberry anu dijanjikeun. Bari nuduhkeun bukti laporan, Yahya ménta bantuan satpam Mal pikeun nempo rékaman CCTV dina waktu manéhna jeung Riki transaksi di Kafe Blitz. Yahya ogé nuduhkeun panipu anu dimaksud. Perkiraan Yahya pas. Sabelas poé sanggeus ngalapor, satpam PvJ ngahubungi Yahya sarta ngabarkeun lamun jelema anu ditéangan aya di lokasi.


Yahya geura-giru ka PvJ pikeun mastikeun identitas si panipu. Kitu Yahya ngabenerkeun yén jelema anu dimaksud nyaéta Riki, satpam ogé geura-giru ngayakeun tindakan. Riki sempet ngalawan bari ngaku pulisi, Manéhna ogé ngabantah geus ngalakonan penipuan, tapi pamustunganana nyerah sarta saterusna dibawa ka Mapolwiltabes Bandung (Satrya/”PR”)***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar