Dihaja
Incu: “Bah, tadi Ujang ngabuburit ngojay di walungan, aya cai nu kainum ku Ujang, batal heunteu ?”
Abah: “Nya heunteu ari teu dihaja mah.”
Incu: “Tapi Bah, kainumna rada loba.”
Abah: “Sakumaha.?”
Incu: “ Aya ari sagelas mah.”
Abah: “ Lain kainum atuh selud et amah, tapi diinum, dihaja…”
Batal Kacida
Ono: “Kumaha kira-kirana lamun keur puasa heug pasea, naha batal henteu?”
Ini: “Nya batal atuh.”
Ono: “Batal nyah? Tah kumaha lamun paseana teh urangna keur teu puasa?”
Ini: “Atuh eta mah jelas batal kacida.”
Loba Nginum
Akang: "Mun hayang sehat kudu loba nginum!"
Jadug: "Bohong! Geuning kuring loba nginum...kalah abok!"
Akang: "Can ngajaran diketig punduk ku botol?"
Adan Asar
Ngong adan kuring langsung hudang, teu pikir panjang blus ka dapur...rek dahar.
Karek oge tilu huap piring geus dirawel ku pamajikan.
"Matakna pagawean teh tong sare wae, tingali atuh jam!"
Kuring gigisik, nitenan jam. geuning karek jam tilu, euleuh nu tadi teh adan asar lain adan magrib...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar