13/09/09
09/09/09
Ha..ha..
Incu: “Bah, tadi Ujang ngabuburit ngojay di walungan, aya cai nu kainum ku Ujang, batal heunteu ?”
Abah: “Nya heunteu ari teu dihaja mah.”
Incu: “Tapi Bah, kainumna rada loba.”
Abah: “Sakumaha.?”
Incu: “ Aya ari sagelas mah.”
Abah: “ Lain kainum atuh selud et amah, tapi diinum, dihaja…”
Batal Kacida
Ono: “Kumaha kira-kirana lamun keur puasa heug pasea, naha batal henteu?”
Ini: “Nya batal atuh.”
Ono: “Batal nyah? Tah kumaha lamun paseana teh urangna keur teu puasa?”
Ini: “Atuh eta mah jelas batal kacida.”
Loba Nginum
Akang: "Mun hayang sehat kudu loba nginum!"
Jadug: "Bohong! Geuning kuring loba nginum...kalah abok!"
Akang: "Can ngajaran diketig punduk ku botol?"
Adan Asar
Ngong adan kuring langsung hudang, teu pikir panjang blus ka dapur...rek dahar.
Karek oge tilu huap piring geus dirawel ku pamajikan.
"Matakna pagawean teh tong sare wae, tingali atuh jam!"
Kuring gigisik, nitenan jam. geuning karek jam tilu, euleuh nu tadi teh adan asar lain adan magrib...
Diskusi Mentalitas Elit Sunda;
Poe Salasa Tanggal 18 Agustus sawatara waktu kaliwat, Pusat Kabudayaan Sunda Fakultas Sastra Unpad gawe bareng jeung Forum Studi Budaya Dangiang, geus ngayakeun Diskusi "Mentalitas Nyarunda Elit Sunda" di Gedong Kompas Jabar Jl. Riau 46 Bandung, kalayan pangjejerna H. Usep Romli HM.
Nurutkeun Usep Romli anu disebut "Nyarunda" teh bisa diproyeksikeun ka anu ngamen kasenian saumpamana baheula mah Topeng Banjet atawana Longser. Tah kapanan dina sacanna der manggung teh aya proses latihan, di make up jeung dangdan nepi ka ngahibur na ka anu lalajo, sabenerna lain di Sunda wae tapi di sakuliah dunya ge aya. Saumpamana nalika di Belgia Haji Usep teu rugi mere duit 3 Franc ka anu ngamen da luyu jeung kualitas ngahibur jeung ajen estetisna, tapi cenah lamun mere duit ka budak anu ngamen ku tutup botol bari jeung sorana sakacamplengna mah lebar jeung teu ngadidik.
Jadi jelas dina konteks kahirupan modern ge Nyarunda teh aya di unggal nagara ge, tapi saratna kudu aya jasana heula. Kitu deui lamun urang ngasongkeun "Pi-Mentrieun" lamun kualitasna hade jeung kompeten mah teu nanaon. Tapi lamun ngasongkeun nu lian-lian kapanan meureun anu "dipinangsarayana" (Presiden) ge bakal kerung, tapi sejen deui saupamana lamun anu diajukeunana saperti Otto Iskandardinata, Iwa Koesoemah Soemantri, Ir. H. Juanda atawa Mochtar Kusumah Atmaja. Kapanan para inohong sakelas eta mah ulah boro presiden urang, Sekjen PBB jeung Tokoh-tokoh dunya ge arapaleun.
Jadi ceuk Haji Usep pakaitna jeung "kasus Homan" anu ngogan polemik. Nya urang ecagkeun repeh rapihkeun keun wae pikeun jadi panggeuing jeung ngaji diri jeung kudu diaku salah, laju urang neangan cara-cara anu hade, ku lembaga anu aya payung hukumna, da lamun aya wadah polotikna mah kapanan satiap aspirasi politik tanwande bisa ngahontal kakawasaan. Tapi keun wae cenah anu enggeus mah enggeus da geus kagok baseuh, mugia diakomodasi ku presiden. "Anu utama, kiwari mah urang Sunda kudu harade gawe, kudu bisa "mengglobal" (aktif gawe rancage dina sagala widang) tanpa nyualkeun jabatan". Kitu saurna. Rawuh dina diskusi harita, Hj. Nina Lubis, Karno Kartadibrata, Yus Wiradiredja, Cecep Burdansyah, Asep Solehudin jeung para mahasiswa ti pascasarjana Unpad.*** (ASEP GP)
07/09/09
Masjid Agung Manonjaya
Kubahna tina taneuh liat kaceluk angker/geueuman.Kawas taun-taun saméméhna, salila sasih Ramadan, Masjid Agung Manonjaya di Kec. Manonjaya. Kab. Tasikmalaya anu umurna ratusan taun, sok diramekeun ku sajumlah kagiatan kaagamaan dina pembinaan akhlak masarakat di sakurilingna. Kagiatan rutin anu dilaksanakeun, sajaba solat berjamaah sarta tarawéh, ogé teu tinggaleun tadarusan sarta kuliah subuh. Masjid anu diwangun taun 1873 ieu salila bulan puasa mindeng dijadikeun tempat istirahat/leleson.
Loba anu leleson saréngsé solat, utamana solat lohor, sabab masjid anu geus asup kana cagar budaya éta dipikawanoh kalayan wangunanana anu kabuka, tiis karasana sawatara hawa diluar keur panas. Nu leleson lolobana para padagang ti Dayeuh Tasikmalaya, Ciamis, sarta Banjar. Maranéhanana transit di masjid sanggeus solat. Biasana bari nyarandé dina tihang-tihang wangunan masjid atawa sasarean/gogolehéan saukur ngalémpéngkeun awak bari ngarasakeun hiliwirna angin. Tapi aya ogé anu maca Alqur'an (ngaji).
Tapi bisa jadi ngan saeutik nu datang ka Masjid Agung Manonjaya ayeuna anu nyaho/apal sajarah masjid éta. Malahan aya anu ngomong salah sahiji kubah anu aya di masjid ieu kaceluk kalayan kaangkeranana. Cénah mah dina hiji mangsa aya anu mecakan némbak manuk anu eunteup dina kubah. Tapi lain manuk anu murag, kalahka nu némbakna anu kapidara. Komo geus lila medar carita yén kubah kasebut kungsi dipindahkan ka Masjid Agung Tasikmalaya, tapi dina poé saterusna cungkup kasebut geus aya deui di menara Masjid Manonjaya.
Abdul Rojak (55), Imam Besar Masjid Manonjaya nyaritakeun, sajaba dipaké minangka tempat ibadah, sataun sakali masjid éta sok dipaké tempat pikeun ajang reuni Warga Manonjaya anu nganjrék di luar kota, biasana waktu Idulfitri. "Waktu reuni warga asal Manonjaya anu nganjrék di luar kota, masjid ieu sok pinuh. Sajaba silaturahmi, maranéhanana ogé silih tukér pikiran,"
Taun ieu Pemkab Tasikmalaya béjana baris méré bantuan pikeun ngoméan masjid, anu diharepkeun henteu ngarobah konsép wangunan asli. (h.hengki heman/”GM”)
03/09/09
Lémpéng Euro Asia Papanggih Jeung Indo Australia
Ngiring Bela Sungkawa
ka Kulawargi anu Katarajang Musibah Lini Jawa Barat
Lémpéng Euro Asia Papanggih Jeung Indo Australia. Lini anu lumangsung di Tasikmalaya bagian kidul lumangsung dina Rebo (2/9), jam 14.55 WIB, kakuatan 7,3 dina skala Richter, karasana nepi ka Yogyakarta sarta Jakarta. Dumasar catetan pangimeutan lini ti Amérika anu ditampa Puseur Vulkanologi sarta Mitigasi Musibah Géologi (PVMBG), Badan Geologi-Dep. ESDM nyatet yén daya lini 7,3 dina skala Richter. Puseur Lokasi lini 142 km kidul Tasikmalaya sarta jejero 49,5 km, posisi 7,7 Kulon daya sarta 107,324 bujur wétan.
Kepala PVMBG, Badan Géologi, ESDM, Surono ngomong, tsunami warning jam 14.55 WIB langsung diberlakukeun BMG alatan puseur lini aya di handapeun dasar sagara. "Ieu memang aya potensi tsunami. Lini ieu lumangsung alatan gerakan pasamoan antara Lémpéng Indo Australia jeung Euro Asia. Tapi, status tsunami warning dicabut jam 16.28 WIB cacak geus lumangsung welasan lini susulan skala leutik nepi ka kiwari, "ceuk Surono.
Surono boga pamadegan, lini anu lumangsung di jejero 49,5 km memang asup kategori jejero nu sedeng. Tapi, daya oyag jeung kaayaan éta memang bisa karasa nepi ka ratusan kilométer cacak daya garahna kurang. "Anjeuna ogé meunang laporan ti Yogyakarta nepi ka Jakarta ngeunaan geter lini ieu. Tapi, anu dipikamelang lamun puseur jejero lini pohara déét sarta daya garahna badag alatan aya potensi tsunami, kawas tsunami di Pangandaran,"ceuk Surono. Surono ngadadarkeun, laporan ti pangimeutan stasiun di sawatara gunung ka lini ieu memang kagolong badag atawa di luhur 6 dina skala Richter. Ti pengamatan di Rohang Pangimeutan PVMBG di Bandung, grafik geter lini susulan terus lumangsung nepi ka warta ieu disusun. Cacak skalana mudun antara kisaran 2 - 3 dina skala Richter.
DATA KORBAN | ||||
Kota/Kabupaten | Korban Manusa | |||
Tilar Dunya | Tatu | ilang | Ngungsi | |
Kab. Tasikmalaya | 5 | 108 | 142.577 | |
Kab. Garut | 8 | 164 | 13.928 | |
Kab. Bandung | 22 | 681 | 5.661 | |
Kab. Bandung Barat | 18 | |||
Kab. Sukabumi | 2 | 20 | ||
Kab. Cianjur | 31 | 22 | 21 | 17.555 |
Kab. Kuningan | 1.937 | |||
Kab. Bogor | 2 | 9 | 663 | |
Kab. Ciamis | 7 | 207 | 24.584 | |
Kab. Banjar | ||||
Kab. Purwakarta | ||||
Kota Tasikmalaya | 5 | 22 | 3.387 | |
Kab. Majalengka | ||||
Kab. Subang | 1 | |||
Jumlah | 82 | 1.252 | 21 | 210.292 |
Sumber: | Satkorlak PB Prov. Jawa Barat |