17/06/09

"Kuring Ngan Nyedot Dua Kali..."

"Kuring Ngan Nyedot Dua Kali...". Aya-aya waé ékol hiji jalma ambéh henteu kajirét hukum. Kawas dua palaku nu nyalahgunakeun ganja anu ditéwak Unit Reserse Narkotika Polresta Bandung Wétan, Senén (15/6) peuting di salah sahiji imah di Jln. Bojongawi Kaler, Kel. Cisaranten Bina Harapan, Kec. Arcamanik, Dayeuh Bandung.
Dua palaku anu ditéwak inisial SA (16) sarta DE landian Umin (28). Maranéhanana ditéwak waktu marake ganja di imah SA di wewengkon Bojongawi. Dina prosés néwak éta, pulisi nyita 64 paket leutik ganja garing kualitas prima.

Paket ganja éta dibeulina ti kasangka Iy  hargana Rp. 300.000,- "Éta paket nu meujeuhna. Terus kuring recah deui jadi tujuh puluh paket leutik. Hiji paket na kuring jual Rp. 25.ooo,- Kuring kakara dua kali meuli ti Iy,"pokna di Mapolresta Bandung Wétan, Salasa (16/6) kamari. Bari nahan ceurik, Umin ngaku kapaksa jualan barang haram éta pikeun waragad tatamba bapana. "Bapa kuring géring jantung. Gawé kuring sarabutan. Jadi, sawaréh duit hasil ngajualan ganja éta kuring sisihkeun pikeun waragad tatamba bapa kuring," cenahna. Mimitina  Umin jualan ganja ogé alatan dipaksa Iy anu kiwari buron. "Manéhna terus maksa kuring. Kuring ogé henteu wani ngalawan alatan manéhna preman di dieu," kedalna.


Rasa sieun ka dedegan Iy ogé dicaritakeun SA. Rumaja lulusan SMP éta ditéwak alatan ngagunakeun ganja. "Tapi sumpah Pak, kuring kakara sakali éta paké ganja, éta ogé alatan dipaksa, "cenah. Caritana, poé eta manéhna datang ka imah Umin anu masih tatangga. "Kuring lalajo kaulinan gapleh di hareup imah Umin. Wayah éta, Umin sarta Iy keur ngegele (mengisap ganja) di jero imah. Tuluy kuring digeroan Iy ka jero, "ceuk SA. Di jero imah, Iy mamaksa SA ngisep ganja. "Iy ngomong, lamun kuring henteu daék ngisep ganja, kuring bakal dicentang (ditakol). Kuring sieun. Atuda manéhna jangkung badag. Manéhna ogé tatoan. Mangkana kuring ngisep ganjana. Tapi kuring ngan nyedot dua kali. Terus eureun. Da pait, "cenah. Naon waé alesanna, pulisi ngured maranéhanana kalayan UU RI No. 22 Taun 1997 ngeunaan Narkotika. "duanana dijerat pasal 78 sarta pasal 82 ti UU RI Nomer 22 Taun 1997. Anceman hukumanana panglilana 20 Taun panjara," ceuk Kasatreskrim Polresta Bandung Wétan Ajun Komisaris Djamudin Pasaribu. (Satrya Graha/"PR")***


 


 


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar