Panineungan Aki Madrowi
Basa Aki Madrowi rek munggah haji, tangtuna ogé nyieun heula paspor ka kantor imigrasi. Kulantaran dulur-dulurna marelangeun, ahirna Aki Madrowi dianteur. Ari nu nganteurna, nepi ka lima treuk, sabab disangkana mah rék langsung miang ka Mekah.
Ti wanci janari leutik kénéh ogé, Aki Madrowi geus cilingcingcat, teu puguh cicing. Sakapeung ngarérétan jam dingding, sakapeung lunga-lengo ka luar. Mani geus teu sabar tayohna téh, hayang geura-geura miang ka kota; rék nyieun paspor téa. Atuh teu pati lila ogé, anu rék nganteur mimiti daratang, malah lila-lila mah geus ngagimbung di buruan imah. Mobil treuk ogé geus kadéngé gerang-gerung.
Bareng jeung sora kongkorongok hayam jago nu Mang Suéb, rombongan téh geus mariang. “Salat Subuh mah bisa dina mobil ieuh, da kaasup musafir,” kitu ceuk Ustad Suha, anu kapeto jadi kekentong rombongan nu nganteur nyieun paspor. Kakara nepi ka Cilanglung ogé, rombongan téh geus riweuh ngaluarkeun bekelna séwang-séwangan, kayaning leupeut,timbel, sorabi, jeung sajabana. Balakécrakan sapanjang jalan, nepi ka teu karasa, kira-kira wanci haneut moyan geus anjog ka hareupeun kantor Imigrasi. Teu wudu, arolohokna mah pagawe imigrasi téh. Juragan Rahmat tuturubun ti lanté dua, bisi aya nu demontrasi.
“Ieu téh pangungsi ti nagara mana ?” ceuk Juragan Rahmat. “Aéh, aéh, geuning disangka pangungsi ?. Kuring rék nyieun paspor!” Aki Madrowi rada muncereng. “Ké, ké, ieu téh kabéhannana rék nyieun paspor?” Juragan Rahmat angger kurang-kerung. “Nya henteu atuh. Anu rék nyieun paspor mah, ngan kuring wungkul,” témbalna. “Ari éta anu dina treuk ?” “Apan anu nganteur.” Ngadéngé kitu mah, Juragan Rahmat teu loba tatanya deui. Léos, naék ka lanté dua, tapi angger bari gogodeg.
Demi Aki Madrowi mah dititah ngadaptar ka lokét hiji atawa lokét dua. “Nyandak Kartu Tanda Penduduk na.?” Patugas nanya. “Kartui mah teu boga. Tapi da nyaan, kuring téh penduduk Cogorowék, sing wani sumpah-na ogé !” témbalna. “Ari akte kelahiran, nyandak ?” “Lah, mani sagala pisan. Sing sumpahna ogé. Kuring mah da geus lahir ieuh. Tuh saksina ogé lima treuk.”
“Jadi, bapa téh atos lahir, nya ?” Patugas unggut-unggutan bari nahan kapusing. Mangkaning ti isuk, can kararaban sarapan nanaon. “Enggeus atuh .Piraku kuring bisa hirup, ari acan lahir mah ?!”. “Iraha badé maot atuh ?” kagok asong sigana mah patugas téh, geus liwat ti pusing. Puguh baé Aki Madrowi kahudang amarahna. Awahing ku ambék, nepi ka ngarumpuyuk kapiuhan. (Dipha GP).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar