23/03/09

Panineungan

Radio Harita

TAUN lima-puluhan. Can rame kaset harita mah, jaman Piringan Hitam  keneh. Kolot, mah nyarebutna teh  “ramohpon” (tina gramofon). Ari nu ngarora, sok dicokot singketna : PH. Nu rea sumebar teh sakanyaho kuring mah PH kaluaran Lokananta, studio rekaman milik pamarentah di Jakarta. Bisaan milih ngaran teh “Lokananta” . Alus sada alus harti, sabab eta teh ngaran gamelan Sawarga Maniloka dina lalakon wayang.


Ieu mah ceuk dongeng kolot baheula, jaman baheula mah tong boro kana PH, jelema langka nu boga dalah radio oge ukur di nu beunghar wungkul ayana teh, radio listrik nu aya mata kucingan tea geuning. Di pasisian nu can aya listrik mah, mun hayang ngadengekeun radio teh kudu daek hese beleke masang-masang sorangan, kudu paham carana, sarta kudu gede modal pangpangna mah. Pesawatna meuli ti kota, pesawat radio listrik tea, boh urut boh sekenhen (second hand; urut). Nyadakeunana ku batu batre, teuing sabaraha likur siki, dikantetkeun dina kotak kai, make kabel pakuranteng.


Nu sohor waktu harita siaran radio teh ti RRI Bandung, ti beurangna keneh sok paciweuh nguyek nyetel-nyetel batu batre. Mun geus beres, pek dicobaan disetel keur ngadengekeun engke peuting komo deui lamun maleman minggu bari caang bulan aya siaran wayang golek, bari tingcaleuhak di buruan.  Waasna, moal aya!. Keur sohorna Upit Sarimanah jeung Titim Patimah. Upit lagu Sakadang Kuya, ari Titim Cahaya Sumirat. Penomenal pisan eta Upit Jeung Titim waktu harita. Munasabah eta sinden nu dua, ayeuna jadi legenda.


Nincak taun genep-puluhan, muncul radio transistor. Nu bisa ukur ku batu batre opat siki. Lantaran nu pangheulana marawa radio kitu teh tentara nu tas tarugas ti Kongo (Zaire, ayeuna mah), nelah weh "Radio Kongo". Lain heureuy, jadi pisan dangdanan harita mah nu leumpang bari ngajingjing radio disadakeun teh. Pada mihebat sapaparat jalan, Teu karumed puguh ge jelema harita mah. Sora radio ge diopenbar reungeukeuneun batur. Teu kadakas-kedekes sorangan kawas ku wokmen jaman ayeuna.


Harita mah sawah ge sok jadi haneuteun. Nu patinggalecruk macul dipirig ku Entog Mulang ti 'Si Geureuleung'. Ngagembrung we dina galeng atawa di saung. Di sebut Si Geureuleung teh da enya atuh mani ngageureuleung ngalagukeun "Entog Mulang" lebah rumpaka kajeun balik ngaligincing, kajeun mulang da ngalongkeeeeeeewang! Tah lebah ngunikeun engang ke sok dedengeeun ku geureuleungna teh. Terus dina engang heu palebah, "....anteurkeun ka nagarana, nagara anu baheueueueula...! cenah. Mecak reregean sorana teh, sada nu ngawih bari nirisan.


Beuki lila beuki anjrah radio Kongo teh. Tungtungna mah prah weh. Buatan dalam negri ge geus aya. Nu merek Cawang nu kuring nyaho mah. Laun-laun sesebutan radio Kongo teh ngiles. Ganti ku 'radio transistor'. ......nyambung keneh, hapunten teu acan rengse....sanes waktos.   


 


   

08/03/09

Aki Madrowi

Panineungan Aki Madrowi


Basa Aki Madrowi rek munggah haji, tangtuna ogé nyieun heula paspor ka kantor imigrasi. Kulantaran dulur-dulurna marelangeun, ahirna Aki Madrowi dianteur. Ari nu nganteurna, nepi ka lima treuk, sabab disangkana mah rék langsung miang ka Mekah.


Ti wanci janari leutik kénéh ogé, Aki Madrowi geus cilingcingcat, teu puguh cicing. Sakapeung ngarérétan jam dingding, sakapeung lunga-lengo ka luar. Mani geus teu sabar tayohna téh, hayang geura-geura miang ka kota; rék nyieun paspor téa. Atuh teu pati lila ogé, anu rék nganteur mimiti daratang, malah lila-lila mah geus ngagimbung di buruan imah. Mobil treuk ogé geus kadéngé gerang-gerung.


Bareng jeung sora kongkorongok hayam jago nu Mang Suéb, rombongan téh geus mariang. “Salat Subuh mah bisa dina mobil ieuh, da kaasup musafir,” kitu ceuk Ustad Suha, anu kapeto jadi kekentong rombongan nu nganteur nyieun paspor. Kakara nepi ka Cilanglung ogé, rombongan téh geus riweuh ngaluarkeun bekelna séwang-séwangan, kayaning leupeut,timbel, sorabi, jeung sajabana. Balakécrakan sapanjang jalan, nepi ka teu karasa, kira-kira wanci haneut moyan geus anjog ka hareupeun kantor Imigrasi. Teu wudu, arolohokna mah pagawe imigrasi téh. Juragan Rahmat tuturubun ti lanté dua, bisi aya nu demontrasi.


“Ieu téh pangungsi ti nagara mana ?” ceuk Juragan Rahmat. “Aéh, aéh, geuning disangka pangungsi ?. Kuring  rék nyieun paspor!” Aki Madrowi rada muncereng. “Ké, ké, ieu téh kabéhannana rék nyieun paspor?” Juragan Rahmat angger kurang-kerung. “Nya henteu atuh. Anu rék nyieun paspor mah, ngan kuring wungkul,” témbalna. “Ari éta anu dina treuk ?” “Apan anu nganteur.” Ngadéngé kitu mah, Juragan Rahmat teu loba tatanya deui. Léos, naék ka lanté dua, tapi angger bari gogodeg.


Demi Aki Madrowi mah dititah ngadaptar ka lokét hiji atawa lokét dua. “Nyandak Kartu Tanda Penduduk na.?”  Patugas nanya. “Kartui mah teu boga. Tapi da nyaan, kuring téh penduduk Cogorowék, sing wani sumpah-na ogé !” témbalna. “Ari akte kelahiran, nyandak ?” “Lah, mani sagala pisan. Sing sumpahna ogé. Kuring mah da geus lahir ieuh. Tuh saksina ogé lima treuk.”


“Jadi, bapa téh atos lahir, nya ?” Patugas unggut-unggutan bari nahan kapusing. Mangkaning ti isuk, can kararaban sarapan nanaon. “Enggeus atuh .Piraku kuring bisa hirup, ari acan lahir mah ?!”. “Iraha badé maot atuh ?” kagok asong sigana mah patugas téh, geus liwat ti pusing. Puguh baé Aki Madrowi kahudang amarahna. Awahing ku ambék, nepi ka ngarumpuyuk kapiuhan. (Dipha GP).