ngamimitian posting euy...
tweet Urang sunda
23/10/10
21/10/10
Stadion Keur PERSIB
Warga Bandung jeung para bobotoh masih keneh inget meureun waktu partai Timnas PSSI vs Timnas Maladewa di Stadion Siliwangi, Salasa (12/10/2010) lain ngan saukur bisa ngelehkeun 3 – 0 tapi babasaan atawa caritaan pelatih Timnas PSSI Alfred Riedl asal Austria nu perlu diinget rengse pertandingan , yen manehna ngucapkeun “Kondisi Lapangan sungguh tidak layak untuk sebuah international friendy match. Lapangan seperti ini mungkin cocok untuk ditanami kentang.”
Ucapan Riedl aya benerna oge, tapi teungteuingeun rasana Stadion Siliwangi kabanggaan urang sararea di saruakeun jeung kebon kumeli, sagoreng-gorengna kaayaan jukut Stadion Siliwangi tangtuna leuwih rata dibandingkeun jeung kebon kumeli. Tapi naha enya Stadion Siliwangi geus layak keur tim besar kawas Persib nu umurna geus 77 taun ?
Target jadi nu panghadena di Indonesia jeung bisa jadi wakil nagari ieu di pertandingan antarklub internasional, masih layak kitu Stadion Siliwangi ? lamun nu jadi ukuran nyaeta umur, lobana pendukung , jumlah sponsor sarta prestasi, tim sakelas Persib tangtu layak ngabogaan homebase nu jauh ngaleuwihan Stadion Siliwangi. Dibandingkeun jeung tim-tim lain nu sakelas jeung Persib, Stadion Siliwangi masih eleh jauh komo deui keur ukuran Stadion di Pulau Jawa.
Lamun pamaen jeung bobotoh boga parasaan iri/sirik rasana sah-sah wae, nalika ningali ka Pemkab Bandung nu bangga kulantaran ngabogaan Stadion Si Jalak Harupat. Tim sakelas Persijap Jepara wae geus ngabogaan stadion megah, nyaeta Stadion Gelora Bumi Kartini nu ngabogaan fasilitas mewah jeung kapasitas 20.000 panonton.
Dina hal fasilitas stadion Persib jauh katinggaleun ti tim-tim luar Jawa kawas Sriwijaya FC nu ngabogaan Stadion Gelora Sriwijaya Jakabaring sarta fasilitas mewah kapasitas 40.000 panonton, atawa PKT Bontang Stadion Mulawarman anu kualitas jukutna hade pisan.
Bewara ngeunaan dibangunna Stadion Gedebage saheunteuna mere harepan keur warga Bandung nu tibahula hayang ngabogaan stadion megah pikeun Persib, jadi aya hikmah na oge pelatih Timnas Riedl nyindiran ngeunaan kaayaan stadion siliwangi.
Pangwangunan Stadion Gedebage, nu geus dibahas waktu Jabar dipimpin ku Gubernur Danny Setiawan, masih keneh tepi ka kiwari can rengse. Rasana geus teu sabar hayang geura nempo tim kabanggaan masarakat Jawa Barat bertanding di stadion nu megah. “Kemenangan demi kemenangan tentu akan lebih indah tanpa keluhan dari tim tamu soal kondisi stadion”.
Jeung nu pasti lamun Stadion Gedebage geus jadi, pelatih Timnas Alfred Riedl moal ngeluh soal kondisi lapangan kitu oge moal ngajamin permainan timnas PSSI leuwih alus tibatan sagumplukan patani kumeli. Hayu ah, urang longok stadion Gedebage geus jiga kumaha...???
07/10/10
Angka “101010”, 10 Oktober 2010
Angka alus tapi bingung keur aparat Kantor Urusan Agama (KUA), dimana kudu ngalayanan lobana pamenta nikah dina poe Minggu (10/10) kusabab angkana 101010, 10 Oktober 2010. Komo deui teu saeutik pasangan panganten nu menta supaya waktu ijab Kabul oge dilaksanakeun 10.10 nyaeta dina jam 10.10 WIB.
Lamun urusan pamenta pihak panganten, nu lieur para penghulu alias lebe di KUA nu tugasna ngawinkeun panganten. Dina waktu nu sarua tangtuna penghulu ngawakilkeun tugasna ka patugas pembantu pencatat nikah (P3N) atawa lebe, teu mungkin saurang panghulu datang ka dua tempat nu ngawinkeun dina waktu nu sarua cukup lebe nu ngawinkeun jeung nyatet peristiwa pernikahan kasebut.
Kajadian ieu oge lumangsung dina taun-taun saencana kawas taun 2008, 2009, lobana ngawinkeun dina tanggal 10 Oktober 2010 atawa 101010 sakadar tren zaman supaya gampang diingeut sarta moal aya deui dina taun hareup . Padahal, ajaran islam leuwih nganjurkeun ngalangsungkeun pernikahan dina poe juma’ah.
Sok saha deui nu bade ijab kobul taun hareup…dina angka 111111, ping 11 bulan sabelas taun 2011, tabuh 11 langkung 11 menit 11 detik, sakalian lebe na sabelas…….!

27/09/10
Jadwal Siaran Langsung PERSIB LSI 2010-2011

Jadwal pertandingan Persib di Indonesia Super League tahun 2010-2011, nu aya dihandap ieu nyaeta putaran ka 1, kumargi jadwal putaran ka 2 can dirilis sacara resmi ku PT.Liga Indonesia.
Jadwal Persib Putaran 1 ISL 2010-2011 :
Salasa, 28 September 2010, Persela vs PERSIB (Live ANTV 15:30)
Sabtu, 02 Oktober 2010, Deltras vs PERSIB
Sabtu,16 Oktober 2010 PERSIB vs Persiba (Live ANTV 19:00)
Sabtu,23 Oktober 2010 PERSIB vs PSM (Live ANTV 19:00)
Sabtu,30 Oktober 2010 Persija vs PERSIB
Salasa,02 November 2010 PSPS vs PERSIB
Kemis,02 Januari 2011 Sriwijaya FC vs PERSIB (Live ANTV 19:00)
Rebo,05 Januari 2011 PERSIB vs Persibo (Live ANTV 15:30)
Sabtu,08 Januari 2011 PERSIB vs Persijap (Live ANTV 19:00)
Minggu,16 Januari 2011 Bontang FC vs PERSIB
Kemis,20 Januari 2011 Persisam vs PERSIB
Minggu,23 Januari 2011 PERSIB vs Arema (Live ANTV 19:00)
Rebo,26 Januari 2011 PERSIB vs Persema (Live ANTV 15:30)
Minggu,30 Januari 2011 Persiwa vs PERSIB
Rebo,02 Februari 2011 Persipura vs PERSIB
Minggu,06 Februari 2011 PERSIB vs Pelita Jaya (Live ANTV 15:30)
Rebo,09 Februari 2011 PERSIB vs Semen padang (Live ANTV 15:30)
*Jadwal bisa robah sawaktu-waktu
PUTARAN II | |||
Hari | Tanggal | Pertandingan | |
Senin | 07-Mar-11 | PELITA JAYA vs PERSIB | |
Kamis | 10-Mar-11 | SEMEN PADANG vs PERSIB | |
Sabtu | 19-Mar-11 | PERSIB vs PERSIWA | |
Rabu | 23-Mar-11 | PERSIB vs PERSIPURA | |
Minggu | 27-Mar-11 | PERSEMA vs PERSIB | |
Rabu | 30-Mar-11 | AREMA vs PERSIB | |
Sabtu | 02-Apr-11 | PERSIB vs BONTANG FC | |
Selasa | 05-Apr-11 | PERSIB vs PERSISAM | |
Jumat | 08-Apr-11 | PERSIB vs SRIWIJAYA FC | |
Minggu | 17-Apr-11 | PERSIBO vs PERSIB | |
Sabtu | 23-Apr-11 | PERSIJAP vs PERSIB | |
Sabtu | 07-Mei-11 | PERSIB vs PERSIJA | |
Rabu | 11-Mei-11 | PERSIB vs PSPS | |
Rabu | 01-Jun-11 | PERSIBA vs PERSIB | |
Sabtu | 04-Jun-11 | PSM vs PERSIB | |
Selasa | 14-Jun-11 | PERSIB vs PERSELA | |
Minggu | 19-Jun-11 | PERSIB vs DELTRAS |
http://id.wikipedia.org/wiki/Persib_BandungUndeur Liryk & Lagu Maung Bandung Versi Kang Ibing
- Lagu Maung Bandung Versi Kang Ibing
- Liryk Lagu Maung Bandung Versi Kang Ibing
- Play Lagu & Save Media As di Windows Media Player
Maung Bandung - Kang Ibing
Intro
Sodara2, pasukan penyerang Persib talah berada di daerah lawan,
Tembakan... Masuuuk sodara2...
Bertambah lagi kemenangan2 untuk Persib Bandung.
Hey Persib Bandung... padungdung geura tarung.
Hey jangan kalah, geura tandang diiring pidu’a abah.
Hey ulah rek keueung, sing reugreug teuneung ludeung.
Nu penting mah Persib tea, eleh meunang kudu sacara satria.
[Mihape barudak... Persib ulah nepi ka eleh.
Sing meunang. Hidup Persib !!!]
Eleh meunang olahraga mah biasa.
Nu penting mah urang teh berjuang heula.
Jung padungdung Persib Bandung geura tarung.
Eleh meunang urang Bandung moal pundung.
Reff.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang moga sing meunang.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang mawa harepan.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.
Persib, Maung bandung
Persib, Jalu bandung.
Persib, Urang Bandung.
Persib nanjung mawa ngaran urang Bandung.
24/09/10
JALAN-JALAN
Mun karesel euweuh pigaweeun, ngeunahna naon nya? Pasti jawabanana rupa-rupa. Dahar, lalajo, nongkrong di warung, atawa jalan-jalan. Kari milih, disaluyukeun jeung eusi pesak. Dina terminologi urang kampung samodel kuring mah, jalan-jalan pasti jadi pilihan utama. Naon sababna? Teu kudu ngaluarkeun duit, sabab jalan-jalan versi kuring mah estuning saukur leuleumpangan. Pira ge leumpang, tinggal ngalengkahkeun suku, naon hesena? Matak sehat malah, sabab aya unsur olahragana, jaba teu kudu ngaluarkeun duit.
Tapi tetela, kecap jalan-jalan teh bisa jadi mahal jeung piomongeun. Teu percanten? Mangga bandungan anggota DPR anu ngadon jalan-jalan ka luar negri dina usum sakieu samporetna. Puguh we piomongeun, sabab jalan-jalanna oge lain ngan saukur leuleumpangan model kuring. Jalan-jalan nu ieu mah biayana oge milyaran. Eta we cenah mun diitung-itung, tiap anggota nu jalan-jalan teh biayana kurang leuwih 25 juta sapoe!
Mahal-mahal teuing? Enya atuh, pan jalan-jalanna oge ka luar negri, lain ka Ciendog :) Na rek naon atuh make jeung los-los ka luar negri sagala? Pan cenah dina raraga comparative study alias studi banding soal kepanduan alias pramuka. Tah, hasil studi banding teh rek dipake nyusun sistem kepanduan di Indonesia. Cenah eta oge. Teuing bener henteuna mah.
Masalahna, naha soal pramuka teh kacida pentingna? Pan dina teori eksekusi program, biasana aya nu disebut skala prioritas. Heulakeun pasualan nu penting heula, kakara pasualan sejen nu kadar kapentinganana leuwih handap. Conto gampangna mah kieu: mun urang boga tatangga nu gering parna jeung nu teu boga jang meuli udud, meureun nu pangheulana ditulungan teh nya nu gering parna. Keun nu hayang udud mah tunda heula, sabab tara aya jalma nu maot gara-gara teu udud!
Lamun urang nengetan pasualan-pasualan di nagara urang, asana masih loba keneh masalah nu leuwih penting (urgent, ceuk dina tipi tea mah) tibatan pramuka. Lain hartina pramuka teu penting, tapi pan aya skala prioritas tea. Mending heulakeun ngurus soal gas 3 kilo nu tingbeledug, soal pengangguran, soal jelema-jelema nu kalaparan jeung sajabana. Mun balik deui kana conto di luhur, pramuka mah saheulaanan urang anggap bae jelema nu hayang udud. Hartina, saheulaanan mah pan sistem kepanduan geus jalan. Mending uruskeun heula soal jelema nu teu boga gawe, nu kalaparan jst.
Ongkoh pan duit nu dipake jalan-jalan.. eh, studi banding teh pan duit ra'yat. Jadi mending ubaran heula rayat nu keur gering parna teh sina nepi ka cageur. Mun geus cageur, kakara meureun bisa pramuka, sabab jelema gering mah bororaah hayang pramuka, da nempo nu ngamonyah-monyah duit jang studi banding pramuka ge kalahka hayang.. nampiling!
Hayu ah, urang jalan-jalan "enyaan"...
Tata Danamihardja © 2010
Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.
06/09/10
02/09/10
28/08/10
MOLONGO
MOLONGO
Bongbong borokokok. Omon, cowok borohol sok ngomong jorok. Komo kolot Omon bocokok polontong. Tong boro ngomong jorok, Om Toto - kolot Omon - sok ngojok-ngojok nyokcrok odol.
"Tong boloho, Omon!" Om Toto moyok. "Conto kolot, sok cokcrok odol, tong sok nyonyorong tolombong. Komo ngokos bolokotono. Pok-pok ngomong jorok, sok ponyo lolodok."
Omon nyonto kolot ngomong jorok. Omon ponyo lolodok, los molor, Omon ngorok. Torojol Dodo koboy gondrong nyonyorong botol kosong.
Om Toto nyorongot. "Dodo, tong nyonyorong botol sok bodo!"
Dodo ongkoh-ongkoh. Rorompok korong Dodo godroh. Dodo hoyong ngolomoh comro.
"Dodo!" kolot Omon nyorongot. "Tong molotot Om," omong Dodo ngosom. "Komo noong Kokom Donto, sok nyorodcod."
"Tong sok moyok kolot, koplok!" Om Toto molotot hoyong ngokos Dodo. Dodo dongko, los kokocok kokod, Om Toto ngomong morot. Bongbong bocokok polontong.
Dodo nyorodcod noong kolot Omon morongos. Torolong Dodo lolos nobros boboko. Omon jongjon molor. Om Toto ngomong poporongos moyok Dodo.
Bongbong borokokok.
Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.

19/08/10
Ngantunkeun
Langganan:
Postingan (Atom)