27/09/10

Jadwal Siaran Langsung PERSIB LSI 2010-2011

logo_persib

Jadwal pertandingan Persib di Indonesia Super League tahun 2010-2011, nu aya dihandap ieu nyaeta putaran ka 1, kumargi jadwal putaran ka 2 can dirilis sacara resmi ku PT.Liga Indonesia.

Jadwal Persib Putaran 1 ISL 2010-2011 :

Salasa, 28 September 2010, Persela vs PERSIB (Live ANTV 15:30)
Sabtu, 02 Oktober 2010, Deltras vs PERSIB


Sabtu,16 Oktober 2010 PERSIB vs Persiba (Live ANTV 19:00)
Sabtu,23 Oktober 2010 PERSIB vs PSM (Live ANTV 19:00)


Sabtu,30 Oktober 2010 Persija vs PERSIB
Salasa,02 November 2010 PSPS vs PERSIB


Kemis,02 Januari 2011 Sriwijaya FC vs PERSIB (Live ANTV 19:00)

Rebo,05 Januari 2011 PERSIB vs Persibo (Live ANTV 15:30)
Sabtu,08 Januari 2011 PERSIB vs Persijap (Live ANTV 19:00)


Minggu,16 Januari 2011 Bontang FC vs PERSIB
Kemis,20 Januari 2011 Persisam vs PERSIB


Minggu,23 Januari 2011 PERSIB vs Arema (Live ANTV 19:00)
Rebo,26 Januari 2011 PERSIB vs Persema (Live ANTV 15:30)


Minggu,30 Januari 2011 Persiwa vs PERSIB
Rebo,02 Februari 2011 Persipura vs PERSIB


Minggu,06 Februari 2011 PERSIB vs Pelita Jaya (Live ANTV 15:30)
Rebo,09 Februari 2011 PERSIB vs Semen padang (Live ANTV 15:30)


*Jadwal bisa robah sawaktu-waktu
PUTARAN II
HariTanggalPertandingan
Senin07-Mar-11PELITA JAYA vs PERSIB
Kamis10-Mar-11SEMEN PADANG vs PERSIB
Sabtu 19-Mar-11PERSIB vs PERSIWA
Rabu23-Mar-11PERSIB vs PERSIPURA
Minggu27-Mar-11PERSEMA vs PERSIB
Rabu30-Mar-11AREMA vs PERSIB
Sabtu 02-Apr-11PERSIB vs BONTANG FC
Selasa05-Apr-11PERSIB vs PERSISAM
Jumat08-Apr-11PERSIB vs SRIWIJAYA FC
Minggu17-Apr-11PERSIBO vs PERSIB
Sabtu 23-Apr-11PERSIJAP vs PERSIB
Sabtu 07-Mei-11PERSIB vs PERSIJA
Rabu11-Mei-11PERSIB vs PSPS
Rabu01-Jun-11PERSIBA vs PERSIB
Sabtu 04-Jun-11PSM vs PERSIB
Selasa14-Jun-11PERSIB vs PERSELA
Minggu19-Jun-11PERSIB vs DELTRAS

http://id.wikipedia.org/wiki/Persib_Bandung
Undeur Liryk & Lagu Maung Bandung Versi Kang Ibing




Maung Bandung - Kang Ibing

Intro

Sodara2, pasukan penyerang Persib talah berada di daerah lawan,
Tembakan... Masuuuk sodara2...
Bertambah lagi kemenangan2 untuk Persib Bandung.

Hey Persib Bandung... padungdung geura tarung.
Hey jangan kalah, geura tandang diiring pidu’a abah.
Hey ulah rek keueung, sing reugreug teuneung ludeung.
Nu penting mah Persib tea, eleh meunang kudu sacara satria.

[Mihape barudak... Persib ulah nepi ka eleh.
Sing meunang. Hidup Persib !!!]

Eleh meunang olahraga mah biasa.
Nu penting mah urang teh berjuang heula.
Jung padungdung Persib Bandung geura tarung.
Eleh meunang urang Bandung moal pundung.

Reff.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang moga sing meunang.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.
Jung maju Maung Bandung.
Prak tandang mawa harepan.
Ulah ringrang tong hariwang.
Kade poho cantik sportif di lapangan.

Persib, Maung bandung
Persib, Jalu bandung.
Persib, Urang Bandung.
Persib nanjung mawa ngaran urang Bandung.

24/09/10

JALAN-JALAN

Mun karesel euweuh pigaweeun, ngeunahna naon nya? Pasti jawabanana rupa-rupa. Dahar, lalajo, nongkrong di warung, atawa jalan-jalan. Kari milih, disaluyukeun jeung eusi pesak. Dina terminologi urang kampung samodel kuring mah, jalan-jalan pasti jadi pilihan utama. Naon sababna? Teu kudu ngaluarkeun duit, sabab jalan-jalan versi kuring mah estuning saukur leuleumpangan. Pira ge leumpang, tinggal ngalengkahkeun suku, naon hesena? Matak sehat malah, sabab aya unsur olahragana, jaba teu kudu ngaluarkeun duit.

 

Tapi tetela, kecap jalan-jalan teh bisa jadi mahal jeung piomongeun. Teu percanten? Mangga bandungan anggota DPR anu ngadon jalan-jalan ka luar negri dina usum sakieu samporetna. Puguh we piomongeun, sabab jalan-jalanna oge lain ngan saukur leuleumpangan model kuring. Jalan-jalan nu ieu mah biayana oge milyaran. Eta we cenah mun diitung-itung, tiap anggota nu jalan-jalan teh biayana kurang leuwih 25 juta sapoe!

 

Mahal-mahal teuing? Enya atuh, pan jalan-jalanna oge ka luar negri, lain ka Ciendog :) Na rek naon atuh make jeung los-los ka luar negri sagala? Pan cenah dina raraga comparative study alias studi banding soal kepanduan alias pramuka. Tah, hasil studi banding teh rek dipake nyusun sistem kepanduan di Indonesia. Cenah eta oge. Teuing bener henteuna mah.

 

Masalahna, naha soal pramuka teh kacida pentingna? Pan dina teori eksekusi program, biasana aya nu disebut skala prioritas. Heulakeun pasualan nu penting heula, kakara pasualan sejen nu kadar kapentinganana leuwih handap. Conto gampangna mah kieu: mun urang boga tatangga nu gering parna jeung nu teu boga jang meuli udud, meureun nu pangheulana ditulungan teh nya nu gering parna. Keun nu hayang udud mah tunda heula, sabab tara aya jalma nu maot gara-gara teu udud!

 

Lamun urang nengetan pasualan-pasualan di nagara urang, asana masih loba keneh masalah nu leuwih penting (urgent, ceuk dina tipi tea mah) tibatan pramuka. Lain hartina pramuka teu penting, tapi pan aya skala prioritas tea. Mending heulakeun ngurus soal gas 3 kilo nu tingbeledug, soal pengangguran, soal jelema-jelema nu kalaparan jeung sajabana. Mun balik deui kana conto di luhur, pramuka mah saheulaanan urang anggap bae jelema nu hayang udud. Hartina, saheulaanan mah pan sistem kepanduan geus jalan. Mending uruskeun heula soal jelema nu teu boga gawe, nu kalaparan jst.

 

Ongkoh pan duit nu dipake jalan-jalan.. eh, studi banding teh pan duit ra'yat. Jadi mending ubaran heula rayat nu keur gering parna teh sina nepi ka cageur. Mun geus cageur, kakara meureun bisa pramuka, sabab jelema gering mah bororaah hayang pramuka, da nempo nu ngamonyah-monyah duit jang studi banding pramuka ge kalahka hayang.. nampiling!

 

Hayu ah, urang jalan-jalan "enyaan"...

 

Tata Danamihardja © 2010

 

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.