22/06/10

Persib Brasil

Ceuk saha prestasi sepak bola nagara urang teu maju, teu bisa cumarita di tingkat internasional ?. Kuring nyatet, saeutikna aya sabelas klub sepak bola anggota PSSI nu milu jadi peserta Piala Dunya 2010. Teu percaya ? yeuh, ku kuring disebutan hiji-hiji :

Persib (Persatuan Sepak Bola Brasil).

PSM ( Persatuan Sepak Bola Meksiko)

PSKS (Persatuan Sepak Bola Korea Selatan)

PSP (Persatuan Sepak Bola Portugal)

PSB (Persatuan Sepak Bola Belanda)

Persikota (Persatuan Sepak Bola Kore Utara)

Perseman (Persatuan Sepak Bola Jerman)

Perseden (Persatuan Sepak Bola Denmark)

Persik (Persatuan Sepak Bola Kamerun)

Persiba (Persatuan Sepak Bola Balad Argentina)

Persijap (Persatuan Sepak Bola Japan)

Kuring yakin,  kasabelasan kasebut jadi peserta Piala Dunya 2010 tanpa izin ti PSSI, da lamun bebeja mah kuriak moal diidinan.

Basa Persib (persatuan Sepak Bola Brasil) vs Pantai Gding. Salaku bobotoh sajati,  kuring leuwih kataji sabab di atas kertas Persib tangtuna meunang sagala-galana. Sanajan  Pantai Gading di latih ku pelatih sakaliber Sven Goran Eriksson, sababaraha pengamat loba nu ngaramal yen Pantai Gading di Piala Dunya 2010 ngan saukur tepi ka babak kahiji. Pelatihna geus nyiapkeun babasaan “tamba kawiwirangan,  nyaeta, “Mohon maaf kalau kami harus tersisih karena tiada pantai gading yang tak retak”.

Permainan Persib (muhun, Persatuan Sepak Bola Brasil tea) nu boga gelandang  edun nyaeta Kaka. Pamaen nu kungsi ngalaman tulangna potong (cageur total saeunggeus diubaran ka  putrana Bah Bohon di Gegerkalong). Lihey pisan tah si Kaka teh dina ngabongkar pertahanan lawan jeung mere umpan-umpan matang ka pamaen hareup anu balukarna gampang nyetak gol.

Salian paktor kapinteran Kaka, tim Persib Brasil oge ditentukeun ku ngaran pelatihna, Dunga. Dina bahasa Brasil, dunga hartina sarua jeung do’a.  Saacan arindit ka Afrika Kidul, sakabeh rahayat Brasil ngucapkeun, “Dunga didungakeun, semoga Brasil berhasil!”.

Salaku finalis Piala Afrika 2006 nu pinuh ku pamaen ngora berkualitas saperti Didier Drogba sarta Salomon Kalou nu maen dii Chelsea, sakuduna Pantai Gading percaya kana kakuatan tim na, tapi, kulantaran masarakat Pantai Gading percaya pisan kana kakuatan mistik. Goran Eriksson teu bisa nolak kahayang Padupanding (Paguyuban Dukun Pantai Gading) keur ngajampean tim na. Waktu ditanya, kunaon ngalawan Portugal akhirna seri. Goran Eriksson (ngawakilan para dukun) ngajawab dukun na salah mapatkeun jangjawokan. “Mustina nu diparancahkeun teh jampe mengbal, ari ieu kalah jampe ngajuru!” ceuk Goran Eriksson bari saeutik keuheul.***

Tulisan: TAUFIK FATUROHMAN dina AHLEKE

08/06/10

Vidéo "Luna-ariel" Nyieun Geunjleung di Acara Resepsi

Medarna rékaman vidéo mesum anu ngalibatkeun pasangan mirip béntang film, pariwara, sarta presenter Luna Maya sarta Ariel masih jadi obrolan nu haneut.
Saprak medar dina poé Kemis (3/6/2010) di internet, peredaran terusan rékaman vidéo éta beuki teu kabendung. Teu ngan diunduh liwat jejaring internet, rékaman kasebut oge terus sumebar ti henpun ka henpun.


Di Bandung, waktu ngahadiran hiji acara resepsi ngawinkeun panganten anyar, Minggu (6/6/2010), sajumlah jelema kasampak riweuh ngunduh vidéo kasebut sanggeus hiji jalma ngabogaan vidéo tadi di henpunna.


Hal ieu dimimitian ti guyonan saurang pamandu acara waktu acara prosesi adat pasangan panganten anyar éta. Ka kadua panganten, si pamandu acara sempet ngingetkeun ambéh teu coba-coba ngarékam kagiatan sakral waktu peuting pengantin. "Kade ah, ulah direkam sagala. Bilih siga 'Ariel jeung Luna', kasebar ka mana-mana. ceuk si pamandu dipapag kuseuri pager ayu sarta pager ayu anu kalolobaan para rumaja.


Samentara éta, para sepuh mah katempona tiis sarta hare-hare nanggepan guyonan si pemandu acara.


Teu ngan jadi obrolan haneut, guyonan pamandu acara kasebut oge rupana nyieun rasa kapanasaran sajumlah jelema, anu ahir-ahir ieu keur rame ngunaan vidéo mesum anu jiga pasangan béntang pariwara sabun kasebut.


Saréngsé prosesi adat, kasampak sajumlah jelema riweuh silih transfer liwat henpunna. Alhasil,vidéo éta nyumebar ti hiji leungeun ka leungeun séjén.


Samentara éta, Luna sempet nampik dikait-kaitkeun jeung vidéo esek-esek kasebut. Waktu dipanggihan saréngsé ngeusian acara musik Dahsyat, sawatara waktu kaliwat, manéhna nampik yén awéwé éta téh dirina. Komo manehna ngarasa teu boga tato kukupu di bagian cangkengna, kawas anu dipiboga awéwé di vidéo kasebut.


Sedengkeun Ariel tacan daék nanggepan medarna vidéo éta. Komo, Ariel kalahka nyingcet. Sababaraha-kali manéhna ngabobodo wartawan kanu rek ngusahakeun ménta koméntarna. (ÉH)


Leuwih jembar tingali di Bandung,Kompas.com