22/05/10

Kang Jaja Lawan Bayawak (terasna Ngarah Calawak)

Ngaran-ngaran jalma, aya kalana nandangan naas. Tara salawasna jaya, tara salawasna gagah. Kadang-kadang balatak harta, kadang-kadang ngalaman katalangsara atawa namprak taya tangan pangawasa. Namprak, sanajan ngan sakadar hayang bala-bala atawa kadaharan basajan pantar jajanan pasar.

Saprak ngalaman nyangsaya na tangkal kalapa Mang Karta panyawah Babah Can, Kang Jaja rada samar kahayang. Sawatara mangsa Kang Jaja ngaprak ka pasawahan ngalaan karaca atawa hahayaman, malah kalan-kalan ngala anak bayawak sagala. Bayawak mah ayana na wahangan, najan kadang-kadang hanjat ka darat. Ngan sanajan sabaraha hayangna, Kang Jaja mah narah ngala atawa ngadahar kalapa. Basana waas, matak ngarakacak manah ana ras kana pangalaman basa nyaah ka Anah anak Mang Karta. Dahar bayawak? Wah, can ngalaman asana mah. Bayawak mah kasap sarta matak barangasan. Matak kang Jaja mah tara ngadahar, sabab pan bayawak mah jang bahan tas atawa calana Tarsan.

Dahar kalapa atawa bayawak mah narah, ngan kana bala-bala ngagalaksak. Saban Ahad atawa Salasa Kang Jaja ngahaja ngasakan bala-bala aya kana saparapat ayakanana. Basana jang tamba ngagaranggam, padahal mah Kang Jaja salawasna ngarasa lapar samangsa-mangsa padaharanana can kararaban bala-bala.

Ngan basa Salasa tanggal dalapanlas Sawal mah kang Jaja nandangan naas. Padaharanana karasa panas asa tas ngadahar arak. Kang Jaja ngacaprak nahan rasa panas na padaharan. Rarasaanana asa hayang ngawakwak ka sasaha, manahna barangasan, malah kadang-kadang mah manghap asa hayang ngadahar cakcak atawa ngagadabah kadal sagala. Jaba mastakana karasana asa ngalayang kawas tas ngaganja. Padahal Kang Jaja mah pan tara ngaganja sabab apal agama ngalarang ngaganja.

"Pan haram Pa," jawab Kang Jaja basa Pa Anang tatanggana nanya naha kang Jaja tara ngaganja. Sabab ngarasa taak, Kang Jaja tatamba ka Bah Kamad, jawara galak asal Karawang. Kang Jaja balaka hayang damang panyawatna, sabab karasana matak nahnay saawak-awak. Bah Kamad ngarampa padaharan Kang Jaja aya kana saparapat jamna. Barang cacap saparapat jam, raray Bah Kamad katara rada asak lantaran ngarasa hamham kana panyawat Kang Jaja.

 "Jang Jaja jam sabaraha sarapan?" Bah Kamad nanya. "Jam dalapan Bah. Naha nanya sarapan?" Kang Jaja panasaran. "Sarapan bayawak?" Bah Kamad katara hamham.

 Kang Jaja kalah ngagakgak, "Ha..ha..ha.. Abah mah ngacaprak ah! Sarapan bala-bala Bah, bayawak mah pan jang bahan tas atawa calana Tarsan. " Bah Kamad katara nahan napas. Na matana kawas aya kapanasaran.

 "Nyaan Jang Jaja ngan ngadahar bala-bala?"  

"Nyaan Bah, saparapat ayakan malah," jawab Kang Jaja.

Bah Kamad ngawas-ngawas kana padaharan Kang Jaja.

 "Masalahna," Bah Kamad kawas rada asa-asa. "Na padaharan Jang Jaja aya bayawak, malah anakan aya kana dalapanna..."

Blar! Awak kang Jaja asa katabrak kapal. Padaharanana karasa tambah panas. Bayawak karasa ngacak-ngacak padaharanana. Jaba anak-anak bayawak karasana asa nyasar kana palangkakan. Naha aya bayawak na padaharanana? Ka mana jalan? Da rarasaan mah tara tambarakan ngadahar bayawak sagala. Kang Jaja ngan sakadar nanya na manah, sabab awakna nahnay, sagala karasa, jaba panyawat asmana ngadak-ngadak anpal.

Kang Jaja namprak, taya tangan pangawasa. Kang Jaja pasrah.

Copyright © 2010 - Tata Danamihardja.

Hak Cipta ditangtayungan ku undang-undang. Salira diwenangkeun nyutat ieu tulisan - boh sapalih atanapi sagemblengna - kalawan sarat kedah nyebatkeun sumber sareng ngaran nu nulis. Mugia janten uninga.

20/05/10

Piala Dunya Afrika Kidul 2010



Kiwari Kick of Putaran Final Piala Dunya Afrika Kidul 2010 baris lumangsung 11 Juni 2010 ka hareup, Piala Dunya 2010 ieu  aheng karasana, henteu ngan di nagari tuan rumah tapi ogé di Indonésia. Cacak henteu milu di Piala Dunya 2010 tapi ulah salah, Indonésia ogé henteu éléh riweuhna, PSSI keur tarung ogé pikeun kapilih jadi Tuan rumah Piala Dunya 2022. Edun pan? Lamun jadi tuan rumah hartina teu perlu milu kualifikasi sarta dijamin lolos, eta pisan meureun harepannana,  enya.. supaya Indonésia bisa milu di putaran final. Hehehe.....

Jadwal Pertandingan Piala Dunya 2010, FIFA dina Desember 2009 geus ngayakeun undian Grup Piala Dunya 2010 anu lumangsung di Afrika Kidul. Di handap ieu daptar grup na :

  • Group A : South Africa, Mexico, Uruguay, France

  • Group B : Argentina, Nigeria, Korea Republic, Greece

  • Group C : England, USA, Algeria, Slovenia

  • Group D : Germany, Australia, Serbia, Ghana

  • Group E : Netherlands, Denmark, Japan, Cameroon

  • Group F : Italy, Paraguay, New Zealand, Slovakia

  • Group G : Brazil, Korea DPR, Côte d’Ivoire, Portugal

  • Group H : Spain, Switzerland, Honduras, Chile


Kira-Kira Kasebelasan ti nagari mana nu bakal asup FINAL...???

Kuring mah ngadukung BRAZIL...  hiduu...p PERSIB...!!!

Undeur Jadwal Pertandingan dina berkas Microsoft Exel

Undeur Lagu Piala Dunya 2010

11/05/10

Gengsi Ngomong Sunda

Gengsi Ngomong Sunda


Ku Riang Nurullah Akbar

Jaman kiwari, loba pisan jalma nu “gengsi” ngomong ku basa Sunda. Ahirna leuwih milih ngomong ku basa Indonesia. Tapi hanjakalna teh balelol deuih, lantaran tetep basa Indonesiana pacampur jeung basa Sunda. Malah cenah di sabagian wewengkon mah basa Sunda teh geus mimiti ditinggalkeun pisan. Padahal ceuk pamanggih kuring, hirup di wewengkon Priangan bari teu ngomong basa Sunda teh ibarat angeun teu diuyahan, asa teu jejeg nyebut urang Sundana oge. 


Ku sabab kitu, basa Sunda kudu dimumule jeung dipiara sangkan ulah nepi ka musna. Komo nepi ka ukur dianggap warisan tradisi mah, anu pamustunganana basa Sunda ukur jadi rarangken musieum. Sakapeung kuring sok teu ngarti, naha kaayeunakeun loba urang Sunda anu ngarasa gengsi lamun kudu ngomong ku basa Sunda ? Padahal ceuk para ahli, basa Sunda teh kaasup salah sahiji basa anu beunghar ku kosa kata, tina sakecap teh bisa nepi ka jadi sababaraha kecap.Upama bae tina kecap anu nuduhkeun obahna panon, aya ngareret, ngarindat, ngiceup, meledeng, meureundeuy, mureleng, buncelik, ngadilak jeung sajabana.


Jaman ayeuna, abad duapuluh hiji ieu, dina pandangan salah saurang  tokoh jeung seniman Sunda, Pa Nano S, basa Sunda teh geus dianggap basa kelas tilu. Kahiji, basa asing, utamana basa Inggris. Kadua, basa Nasional, basa Indonesia. Katilu, kakara basa Sunda. Karunya nya...basa Sunda!.


Loba bukti anu nuduhkeun yen kalobaan urang Sunda ngarasa gengsi ngomong ku basa indungna sorangan. Dina kahirupan sapopoe, contona tukang dagang dina natawarkeun daganganana teh leuwih milih ngagunakeun basa Indonesia tibatan basa Sunda. Alesanana kliseu pisan, ceunah bisi nu meulina loba nu teu ngartieun. Padahal manehna dagang teh di lingkungan Urang Sunda. Atuh sabalikna anu barangbeulina deuih, remen kadenge ku kuring dina nawar barang anu rek dibeulina teh sok make bas Indonesia, deuih. Asa aneh nya, nu dagangna urang Sunda, nu meulina urang Sunda, cicing di daerah Priangan...tapi bet ngarasa gengsi ngomong ku basa Sunda.


Ceuk Ayip Rosidi dina bukuna “Masa Depan Bahasa Daerah : Kasus Sejarah dan Budaya Sunda” kaunggel yen urang Sunda teh geus teu boga kareueus kana basa indungna sorangan, sabab cenah basa Sunda teh teu penting. Hiji-hijina tarekah sangkan urang Sunda bisa ngarasa reueus jeung nganggap basa Sunda penting, urang Sunda kudu boga “prestasi” pinunjul dina sagala widang kahirupan.


Hayu atuh, prung ah! Urang piara basa Sunda. Lamun teu ku urang, rek ku saha deui?


(Nu nulis, murid kelas 8-C SMPN 1 Sumedang) dina Mangle N0. 2245 kolom rumaja 

Aos oge dina :
 http://kurawa06.wordpress.com/2009/10/28/bet-leuwih-reueus-jeung-basa-deungeun/
http://kurawa06.wordpress.com/2009/07/22/saha-paduli/

04/05/10

Sisindiran

Hayu urang sisindiran, bae teu rame ge...!

Aya hurang di tiiran
Buah nangka rada ngora
Hayu urang sisindiran
Minangka panglipur lara.
Urang rek ka babatan
Kade ulah make taksi
Mun urang boga jabatan
Kade ulah sok korupsi.
aya peda dina piring
sangu na jero boboko
???
Ke sakedap,hilap hartina.
Tp mun teu lepat mah tungtung na teh teurab da...
kintunan ti: cakram17.wordpress.com
Ti Leles ka kadungora
Terusna ka dayeuh kolot
Ari he'es dinu ngora
palebah dahar dinu kolot.