28/02/10
Ti milis tatangga...kieu caritana:
Pameget : Akhirna...Kuring geus ngantosan ti baheula...
Istri : Akang rela eneng pisah jeung akang?
Pameget : Piraku! Ulah sakali-kali mikir kadinya!!
Istri : Akang bogoh ka eneng?
Pameget : Geus pasti! Salilana pastina kitu...
Istri : Eneng mah sieun Akang selingkuh?
Pameget : Ih da alim! teu mungkin Akang ngalaksanakeun eta mah, pigeuleuheun...
Istri : Cium Eneng atuh kang?
Pameget : Muhun...
Istri : Kang...
5 TAUN SANGGEUS NIKAH....
tinggal baca ti handap ka luhur...
Kintunan ti : agozi21@yahoo.com
22/02/10
Ulah Kungsi Ngarasa Aman

Lamun anjeun ngasupkeun kecap "kejahatan facebook" kana mesin pamaluruh google, Anjeun baris reuwas sarta rada kerung meureun maca saderet ngaran rumaja putri anu jadi korban facebook, atawa meureun leuwih pas disebut korban akibat négatif tina pamakéan facebook. Rumaja putri eta rata-rata 13 taun nepi ka 19 taun.
Lamun geus asup ka dunia maya urang baris ngalanglang buana ka jagat alam anu kabuka, dunia maya bisa ngamprokeun hiji jalma kalayan loba jelema sejen pikeun kaperluan atawa kapentingan anu beda.
Patali jeung usaha kaamanan Facebook tina kamungkinan lumangsungna lampah kejahatan, Facebook salah sahiji tina sakitu lobana jajaring sosial anu kiwari keur nge-tren. Euweuh hiji ogé anu aman sarta pamakéanana bisa leupas tina bahaya kejahatan. Sabab dimana hiji jalma lamun geus asup ka dunya maya, berarti geus asup ka dunya anu kabuka kalayan sagala resikona. Contona waktu hiji jalma nunda data indentitas sarta asup ka tempat jajaring, dina waktu harita éta manéhna saolah-olah keur aya di pasar bisa papanggih sarta nyambung jeung nu sejen atawa grup mana wae alatan dina waktu anu sarua, maranehannana ogé geus asup dina jajaring saluruh dunya, jadi ulah ngarasa aman waktu nunda poto anu henteu pantes di facebook. sabab tong boro poto, SMS sarta MMS waé datana kateundeun di operator, kukituna hartina data urang geus lain milik urang deui.
Usaha pangamanan facebook bisa dipigawé ku ngatur account, setting (ngatur) account bisa milih saha waé anu bisa nempo sarta méré koméntar di dinding, poto, data diri, nomer kontak, sarta surélék.(e-mail). Leuwih taliti hiji jalma ngatur account, maranéhna bisa leuwih tarapti ngendalikeun facebookna.
Dina setting account aya setting privacy (rusiah pribadi) anu bisa ngabatesan kalayan link mana waé hiji jalma bisa nyambung. Naha link babaturan sorangan, grup, babaturan biasa, atawa babaturan anu beda profési. Loba rupana babaturan. Babaturan langsung, babaturan anu direkomendasikeun atawa sabalikna anu diusulkeun ti babaturan ka babaturannana.
Babaturan ieu patali jeung sajarah hiji jalma, ti kasang tukang atikan (latar belakang pendidikan), pakasaban, atawa kulawarga. Kabéh babaturan éta ngan ditawarkeun atawa ménta, kaputusannana tetep kanu ngagunakeun facebook éta sorangan. Naha dék ditarima atawa di tampik. Anu rada bisa disebut aman nga-add atawa meng- approve (nyatujuan) babaturan anu kaasup ka babaturan dina kahirupan nyata. Lamun hayang muka link jeung nu séjén beda profesi pastikeun aya pakaitannana jeung tujuan nu tangtu.
Di facebook henteu ngan saukur méré koméntar atawa ngirim talatah di inbox. tapi ogé bisa nyambung sacara langsung tur kabuka, sarta personal (pribadi) ngaliwatan chatting atawa game online. Padahal saéstuna, sagala hal dina dunya informatika éta anonymous (lalandihan), Kalolobaan ampir kabéh facebooker, dirina Kamuplaseu anu goreng patut bisa jadi kasep, anu baong bisa katempo kawas nu bageur jeung sajabana....
20/02/10
03/02/10
Ngacapruk
- Saving Private Ryan - Nulungan si Rian
- Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog dina Pager
- Die Hard - Teu Paeh-Paeh
- Die Hard II - Can Paeh Keneh
- Die Hard III With A Vengeance - Nya'an euy Hese Pisan Paehna
- Bad Boy - Budak Bedegong
- Here's Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon ?
- Mission Impossible - Moal Bisa
- Titanic - Tilelep
- Paycheck - Nganjuk Heula
- Original Sin - Tara Ka Masjid
- Sleepless In Seattle - Cenghar di Ciateul
- Ghost - Jurig Kasep
- Are We There Yet ? - Geus nepi acan ?
- Home Alone - Tinggaleun
- Casablanca - Mengkol ti Sudirman
- The Awakening - Hudang Sare
- After The Sunset - Saeunggeus Burit
- DarkMan - Jalma hideung jaba mehong
- Ghost of Girlfriends past - Jurig awewe patilasan jurig kasep
- Lightning Thief - Maling kabentar
Bilih bade aya nu nambihan mangga di antos...!