01/05/09

Sajak

Deni Hadiansah

KI SOBAT DI PANGUMBARAAN

Kungsi urang leumpang, babarengan rarampeolan
Tulag tolog titincakan, nyungsi ajen kahirupan
Nimbang-nimbang kahariwang, ngudag-ngudag kabagjaan
Awak ngagubra, beuki lungse beuki nahnay
Waktu urang nahan renghap, keteg angen jeung jajantung
 
Kungsi urang reureuh handapeun caangna bulan,
Nogencang taya bentang, uyup- ayap kapoekan
Babarengan ngalalana, ngupahan rasa sungkawa
Nguyup elmu, nguras tanaga
Nyukcruk raga, nu longkewang sagala tuna
 
Renghap urang babarengan, ngadedempes teu empes-empes
Keur ngintip lolongkrang nasib
Geus deukeut ngabecir ngacir
Diudag digupayan, balebat caang ngupahan
Tapi urang sapikiran, nyusud tapak di lemah pangumbaraan.
 Bandung, 2002-2903. 

 

 

BANDUNG JEUNG BOGOR

Dua kota nu paanggang
Antara Bandung jeung Bogor
Dua hate nu geus puguh
Lir cai walungan ngocor
 
Citarum nu jadi saksi
Urang geus pageuh jangji
Mo luntur deui
Najan kapegat pati 
Kintunan : Moh. Bakti.S