25/04/09

Ngarujak

Ku Samar Dahana


Emaaa...?. “Aya naon, Sujang...? uluh, naon tateh tiburayot? Geuning jiga jambu aer.!”. “Enya, pan pesenan Ema tea. Kenging mulungan di teun Bah Oca.”. “Mani ampir satengah poe mulung jambu teh.”. “Mulung jambu mah mung sakedap. Lami soteh ngajejentul handapeun tangkal buah, ngadagoan buah ngora murag teu pluk waae. Arek dibaledog, Bah Oca-na nulak cangkeng wae diburuan. Kenging ge buah alit, tah!”. “Buah hakaneun jurig atuh sagede jempol leungeun kieu mah.Piceun kaituh kana wadah runtah. Sakalian bejaan Ceu Mimin, urang ngarujak tea kituh. Tong poho mawa batur rujakeunnana...jeung duh. Na Sujang maneh mah jambu buruk dipulung, nambah-nambah runtah!”.


Indungna milihan jambu, Si Ujang mah belenyeng ka imah Ceu Mimin. Pakel mah teu dibawa, cul we. Abong budak, panitah ngan sahiji nu kadenge. Teu kungsi sapuluh menit, burudul teh Ceu Mimin saparakanca. Puguh we Wa Enoh indungna Si Ujang olohok. “Rek kamarana ieu teh jiga nu rek nyerbu ?” tanyana.. “Ongkoh ngageroan. Ceuk Si Ujang, candak baturna!” Ceu Mimin morongos leutik. Bruk, neundeun pibungbueun dina korsi kai. “Na ari budak. Nitah teh geroan Ceu Mimin, pedah kamari ngajak ngarujak. Sakalian bawa batur rujakeunnana...di dieu ngan boga jambu aer wungkul!”.ceuk Wa Enoh. Atuda disina baralik deui mah kuriak kahuruan. Ma’lum balad sa-RT. “Ari eta mawa naon, Min.?” Ret kana kantong keresek nu dijingjing.


“Bangkuang jeung Bonteng, ngan geus rada buruk,” ceuk Ceu Mimin. “Kuring mah nambahan boled..saeas beurit,” ceuk Ma Oneh. “Euweuh buah ngora nya...Mun aya teh seger,” ceuk Wa Enoh. Ukur memenitan , rujak jeung bungbuna ledis dironom. Rengse ngadahar rujak teh aya nu seuhah wae, aya nu ngalekik nginum. Rup-rupa. Sajam ti dinya... kabeh nyalengir bari neueul beuteung. “Nyeri beuteung euy..!” ceuk Mbok Cimot. Enya. Muhun jeung mani reang. “Aduuu...h, murilit! Euceu mah rek balik ah...teu kuat hayang ngising yeuh! Ceuk Ceu Mimin bari nyengir. Reang ngahaminan. Grup ngarujak teh teu nunggu dimanggakeun, maranehna tikiciprit baralik ka imahna sewang-sewangan kairing hujan ngaririncik.


Isukna, wanci haneut moyan, Wa  Enoh jeung Si Ujang arindit ka Puskesmas. Ngayer sapeupeuting aya kana dua belas kalina ka cai. Di Puskesmas guk-gok jeung nu ngarujak kamari. Sarua malencret, malah aya nu utah miceun sagala. Tabuh satu beurang, langit geus angkeub deui. Wa Enoh jeung Si Ujang ngagoler dina dipan, carelong. Kiceupna ge sabedug sakali.!. “Ma...? ceuk Si Ujang. “Naon, Jang?. Teup kana beungeut anakna. “Ngarujak deui yu..! ajakna. “Siiiaaaa...!”.


Isukna pabeubeurang, langit cangra. Nu marurus teh guk-gok di warung Ma Oom. Kabeh karanyos bari carelong. “Nyaan, ditinggalkeun salaki atawa kabogoh mah da wak teh teu kieu-kieu teuing. Na ari ditinggalkeun  tai..cakcak ukur sapoe nepi ka rengkebong kieu ieu awak!” ceuk Bi Encoh, Kabeh ngaheueuhan. Ngan Ma Oom tukang warung nu bangkenu teh. Bari ngaladangan ge bari kuraweud hangseur we...Eta pedah teu diajak ngarujak!***

22/04/09

Carpon

Ditambut ku ibu Guru

Budak babaturan kuring di kantor, lalaki kelas 2 SD. Sanajan geus kelas dua tayohna mah can ngartieun yen ari keur ulangan teu meunang niron. Kana sakolana mah getol, tara keleked, unggal isuk hudang tara kapiheulaan ku lanceukna. Gura-giru ka cai brus mandi gesat-gesut dibaju disaragam ku sorangan. Ngan palebah sarapan sakapeung sok teu pati lancar, biasa mun rencang sanguna kurang panuju. 


Tapi da indungna tulaten, mun pareng keur hese sarapan, sok diolo bari dibebenjokeun malar budak kabangbalerkeun anu antukna daekeun dahar. Hiji waktu pas keur UAS (ulangan) budak the ngalakukeun talajak pikaseurieun. Singket carita saberesna ngabewarakeun rek diayakeun UAS, memeh dimimitian, alat-alat sakola kayaning buku, kantong jeung sajabana kudu diasupkeun kana laci. Rengse ngaroris murid kalayan taliti, taya barang patulayah dina meja, ibu guru nguriling ngabagi soal UAS.


Sawatara jongjonan kaayaan jempling lir gang katincak, laju ibu Guru ngawurukan cara-carana ngeusian soal  katut ngawanohkeun waktuna. Kacaritakeun geus satengah jam barudak ngarusey ngerjakeun soal. Budak babaturan kuring oge sarua anteng, tapi niron tina buku. Sabot kitu kareret ku ibu Guru, ilaharna Guru SD, salabar jaba tara poksang ari nyarek. Ningali murid keur anteng niron, geuwat disampeurkeun, pok sasauran, “Dika, bukuna ditambut nya?”


Bari mencrong budak teh unggeuk, teu ngarti yen manehna teh geus ngalakukeun “palanggaran”. Barang waktu UAS geus cunduk kana lekasan, murid-murid sungsong mariksakeun kertas UAS ka ibu Guru, iwal ti budak babaturan. Nempo kitu ditanya ku ibu Guru “Dika atos ngerjakeun soal teh ?” Tanpa mikir heula budak teh ngawalon pokna “Teu acan, pan bukuna ditambut ku ibu Guru”. Eta mah ibu Guru, harita mun wasa mah hayang ngabarakatak tapi pamohalan tungtungna budak the dipiwarang uih ngingetkeun jam sakola geus lekasan.


Dicaritakeun deui ku : Aminah - Cijambe    

15/04/09

Ha..Ha..

KOLOR
Budak : "Nini, ari ieu dina kaneron naon?"
Nini : "Eta teh barang titingal karuhun, tong dico'o pamali!"
Budak : "Muhun naon?"
Nini : "Kolor kameumeut aki maneh jenatna."
Budak : "Paingan atuh mani hapeuk."
Asep Tono - Cibiru-Bandung
TONG POHO
Emang : "Kahade sakola sing luhur, ambeh jadi pejabat."
Ujang : "Mun tos jadi Pejabat?"
Emang : "Tong poho ka dulur."
Ujang : "Tong poho ka rahayat, panginten Mang."
Emang : "Hih.., keun we rahayat mah da boga dulur masing-masing!"
Etty Nurhayati-Bandung
NGIMPI
Mamat : "Dewek mah kanjat diangir mandi.."
Usup : "Tas ngimpi taeun nya?"
Mamat : "Lain, Dewek mah saumur nyunyuhun hulu kakara ngimpi jadi koruptor.."
K.Endrasmara - Soradil Rancah

13/04/09

Ha..Ha..

Terjun Bebas
Omod : "Wanian nya euy nu terjun bebas teu make parasit."
Emed : "Tina kapal udara.?"
Omod : "Ih, lain. Ieu mah tina golodog kana buruan."
Emed : "Teu gering mah silaing teh?"
Undang Suherlan - Cikeruh-Sumedang
 
 
Teu Ningali
Mojang Geulis tumpak kareta api. Kabeneran meunang diukna pahareup-hareup jeung nu make kaca panon  hideung tur nyenyekel iteuk.
Di perjalanan, Nyi Mojang diukna teu daek cicing. Gawena ngan memener erokna anu pungsat.
Ceuk lalaki anu make kaca panon hideung nu diukna hareupeun teh. "Teu kedah hariwang Nyi, da Mamang mah teu ningali ieuh," cenah. Nyi mojang ngahuleng...! 
Bambang S. Tito - Wadas-Karawang
  
  
Siga Artis
Pamajikan : "Talak wae kuring teh, Kang, ari geus teu suka mah!"
Salaki : "Tah, maneh mah ari geus nurutan artis teh!"
Ena Rs. - Sidamulya, Bj.gedang,Rch
  
  
Nimbulkeun Panas
 
Guru : "Mid, salian ti seuneu, naon deui nu bisa nimbulkeun panas?"
Emid : "Kabogoh, Pa."
Guru : "Kabogoh ?"
Emid : "Muhun, Geuningan upami kabogoh abdi reureujeungan jeung batur, sok panas kana hate."    
Guru : "Ah, maneh mah."
Entin Kuraesin - Kircon-Bandung
 
 
Nya Heueuh
  
Nu diramal : "Cing, kumaha garis hirup abdi ka hareupna, Bah."
Tukang ramal : "Cikan Abah ningali garis leungeun ujang!, Jadi ka hiji Ujang teh bakal kolot, ka duana Ujang teh bakal maot!"
Entin Kuraesin - Kircon-Bandung