05/01/09

Sora Balaréa

Pasti salira kagungan pangharépan, kawaas, panineungan, kahanjakal, sareng rupi-rupi kereteg ngeunaan Tatar Sunda boh alamna, padumukna, pamarentahna sareng rupi-rupi hal anu kaalaman dina hirup sapopoe. Mangga seratan salira diantos…!

02/01/09

Rumaja

Rumaja Jeung Basa Sunda. 

Lamun urang naek angkot, heug kabeneran bareng jeung barudak SMP atawa SMA, aya nu matak narik paniten, nyaeta Basa Sunda nu diparakena. Sakapeung mah sorangan sok tara pati paduli, barudak ABG teh nyaritakeun naon jeung kumaha-kumahana, tapi lamun rajeun ditengetan basana, geuning ngalartieun keneh kana Basa Sunda barudak rumaja teh, sanajan geus campur aduk teu puguh jeung Basa Indonesia.

Rumaja kiwari, sanajan hirup di tatar pasundan, katingalna geus leuwih reueus lamun make basa Indonesia tibatan basa daerahna (basa sunda).  Kacirina kawas nu ngarasakeun leuwih moderen jeung gaul. Sabenerna mah teu salah eta oge ngagunakeun basa Indonesia teh, da memang mangrupa basa nasional urang sarerea. Nu fungsina memang keur dipake  pikeun komunikasi jeung masarakat Indonesia liana, anu rupa-rupa budaya, adat jeung basana.

Tapi, sok  sanajan kitu teu ngandung harti basa Sunda geus teu kudu dipake deui. Sabab basa Sunda teh ciciren hiji suku bangsa. Ningali kaayaan basa sunda dina kahirupan rumaja kiwari, geuning hirup-huripna basa sunda teh pikawatireun naker. Tetela pisan rumaja pasundan anu bisa basa sunda teh kaitung teu loba. Eta bisa jadi hiji alesan, loba nu ngarasa kampungan jeung tinggaleun jaman lamun nyarita make basa Sunda. 

Salian ti eta, dina kulawarga oge ayeuna mah geus marake basa Indonesia, padahal indung bapana asli urang Sunda. Anu jadi pasualan, kumaha carana sangkan rumaja raresepeun kana basa sunda. Hal ieu balik deui ka kulawarga, sakola jeung masarakatna. Kukituna, didasarkeun ku kasadaran pribadi, rumaja salaku asset bangsa  kudu bisa ngamumule basa Sunda, teu kudu ngarasa era jadi urang sunda, teu kudu era nyarita ku basa Sunda. Balik deui kana poko soalna, saha anu kudu numuwuhkeun kasadaran eta dina pribadi para rumaja?.

Ku kituna ka rumaja nu aya di tatar pasundan, hayu urang ngamumule basa karuhun ku cara make basa Sunda dina kahirupan sapopoe . Sabab, lamun teu ku urang, rek ku saha deui..?

Ku: Efa Farida dirangkum deui ku Kurawa